“Hahahaha ! Saha jelemana wawanianan jadi saingan ka lima Macan Cirebon ? Hahahaha, naha bet sampeyan mundur ? Naha teu nyaah ka anak ? Mun Kula mah ka Nyi Ipah teu kudu dilamar lamar acan ! Iwat we rek naon deui ?!” Ce Ki Tanu sangeunahna. Abd Gofar teu nyaho kumaha jadi sabar nempo katololan Ki Tanu; terus we nyarita:”Tah ayeuna sampeyan ngaharep naon ti Kaula !?” Ki Tanu asa meunang angin terus bari seuri gumbira nyarita:”Hahahaha, Kula moal nyusahkeun andika Ki Abd Gofar; sok we injeumkeun Kaula Mustika Mutiara Hideung ! Eta ge geus cukup; Kula moal deuk menta barang sampeyan; tapi bere Kula nginjeum we bangsa sabulan dua bulan geus cukup.” Rada robah paroman nu limaan ngadenge pamenta Ki Tanu nu ieu, ahirna Abd Gofar nyarita :”Ke heula anan, nanaonan sampeyan nyebutkeun Mustika Mutiara Hideung ? euweuh di Kaula mah. Di ayana ge moal gampang dibikeun ka batur.” “Hahahahaha ! Ki Tanu seuri mani ngeunah pisan. Pok ngomong :”Eh Ki Abd Gofar, sampeyan ulah ngangles ! Panon Kaula can lamur; sidik Kaula nempo andika limaan rurusuhan waktu balik ti Wanayasa ! Kabeneran Kaula keur aya di alas nu ku sampeyan limaan di liwatan. Kaciri rurusuhan, jeung kaciri siga nu keuna tatu di jerfo; nya ku sabab Kaula hayang nyaho, Kula nuturkeun sampeyaan nepi ka Cirebon. Ku sabab sampeyan limaan keur kakeunaan “tatu dijero” nya kurang waspada terus sampeyan limaan asup ka kamar; ku Kula terus diintip, bari jeung sampeyan teu waspada yen aya nu ngintip ! Saterusna sampeyan limaan nyageurkeun diri sampeyan ku “Mustika Mutiara Hideung” naha rek ngangles !?” Kaget pisan nu limaan ku teu nyangka maranehna nyageurkeun tatu jero kapanggih ku ieu Ki Tanu; wah bahaya pisan cek pikiran nu limaan. Barang nempo nu limaan rada tingpolohok, Ki Tanu terus ngomong deui:”Kula mah lain rek ngawasa eta barang; sok we injeunkeun, Kula pasti bakal mulangkeunana. Tong sarakah atuh, batur ge hayang ngasaan kumaha kahebatan eta Mustika teh.” HANCA
