“Hahahaha ! ayeuna Cakramana nu ngomong; yeuh Ki Tanu nu belegug reungeukeun ku sampeyan ! Kaula sama sakali teu kataji ku cara sampeyan nyulik Nyi Ipah ! Malah Kula jadi malik ijid ! Boro2 hayang mikeun eta mustika ka sampeyan; malah sabalikna ! Kaula sarerea bakal numpes sampeyan sabalad balad ku sabab geus ngotoran “persilatan” sacara umum ! Kaula bakal ngahukum sampeyan Rajawali bodas !” “Hahahaha ! Naha sampeyan sanggup !? Cek Ki Tanu bari mere isarat ka balad2na; ieu imah geus dikepung ! Najan sampeyan jago; tapi ieu tempat Kaula; jadi Kula nu nyaho ka na sagala rasiah jeung liku2 ieu imah; hahaha sajagona ge moal bisa mapakan Kaula sabalad balad !” Ki Tanu kaciri yakin pisan ka na kahebatan manehna jeung baladna nu loba. Episode ka 42 – Walet Hideung Mawar Hideung Barang dua pihak nu rek ngadu jajaten keur silih porongos ujug keleweng we ka tengah ruangan aya barang nu asup ! persis ka tengah2 nu araya di dinya ! “Walet Hideung !’ ……….. “Mawar Hideung !” Cek nu araya di dinya bari kaget. Keur kitu bus we luncat ka tengah ruangan wujud awewe kira2 30 taunan umurna nu pakean sarwa Hejo, tapi di na dadana aya gambar Mawar warnana Hideung. Rupana memang geulis, tapi aya sari aseran jeung gede ambek, barang asup panonnaa nyapu ka sakabeh nu aya didinya; pok ngomong :”Nu teu boga kapentingan, jig geura indit ti dieu !” Abd Gofar waspada, eta omongan saenyana kaciri teu pisan ngahargaan ka manehna; tapi manehna nyaho ieu si Mawar Hideung Kacida luhur elmuna, mun kira2 satengah satengah ulah nyoba2 tarung jeung manehna; ayeuna si eta Mawar Hideung geus ngomong kitu; hartina manehna moal ganggu ka 5 Macan Cirebon; nya atuh bari nuyun Cakramana, Ki Abd Gofar ngaleos ti dinya dituturkeun ku balad2na; Cakramana rada mugen, lantaran hayang nulungan Nyi Ipah; tapi ku Abd Gofar satengah digusur be ieu Cakramana teh. Maranehna gancang wae naek kuda; euweuh nu wani ngahalangan, lantaran ayeuna Rajawali Bodas bakal nyinghareupan musuh nu leuwih tanggoh, nya eta Si Mawar Hideung Pucuk Pimpinan Walet Hideung. HANCA
