Hehehe. Ka baraya pecinta Cersil, ari geus dibaraca teh heug komentaran. Tuh Bah AA keueungeun. Naon komentarna mah. Hanjakal dina media milis mah teu aya modul interaktif jiga dina forum atawa fb, keur ngomentaran sacara langsung. Najan ukur klik "like" misalna.
Aya hal sejen jigana Bah AA, nu ngalantarankeun baraya teu wani ngomentaran teh. Eta mun dikomentaran kurang saluyu sareng manah Bah AA, sok malik "nyegag". Numatak ngaharephep we. Tapi uing yakin dibaraca. Katara lamun adegan gelutna mah sok ting pucunghul komentar. Salian ti eta, ngomentaran prediksi caritana bakal kumaha kahareupna, ceuk uing mah rada teu ari. Da puguh caritana can ditulis. Nu ngarang moal objektif. Beda jeung maca novel misalna. Mun urang maca, terus ngira-ngira kumaha tungtungna. Bakal objektif. Da nu ngarangna geus 'paeh' ti heula, moal bisa ngarobah deui eusi karanganana. Jadi ceuk uing mah, jadikeun nulis carita teh, bagian tina pangaresep we. Ngarah guligah. Keun wae rek dibaca atawa henteuna mah, kuma nu narimana. 2012/3/21 Dikdik <[email protected]> > ** > > > ** Tenang bah, cersil mah seep digares :D > Abdi mah sanes komentator soalna hahaha > Sent from BelekBek® > ------------------------------ > *From: * Abbas Amin <[email protected]> > *Sender: * [email protected] > *Date: *Wed, 21 Mar 2012 08:54:21 +0800 (SGT) > *To: *kisunda<[email protected]>; urangsunda< > [email protected]> > *ReplyTo: * [email protected] > *Subject: *[Urang Sunda] Kamana Kang Yani ? > > > > Tos aya 3 dinten eta Kaang Yani teu katingal di Milis; > jadi teu aya ni mirosea deui ka na Cersil teh ari Kang Yani absen mah. > > Naha sibuk pisan kituh ? Atanapi nuju ka Luar kota atanapi ka luar NAGREG > ? hehehe >
