Punten Bah AA, ti kawit Jumat kuring katarajang flu, hoyongna ngajprak wae, teu 
konsen kan bucu baca. 

Nenmbe salasa ieu mitembeyan deui ningalian surelek kusnet/kisunda. Untungna 
teu patos kakantun teuing.

Namina oge "tebak-tebakan" cersil, sok aya nyalahanana.  Ayeuna kuring, bade 
fokus kana pola pikirna tokoh cersil, sanes kana  jujutan cariosanana. Soalna 
beuki ruwet geuning, sakumaha anu tos didugikeun ku Bah AA.

Nitenan cersil anu pangahirna, katingali aya sikep konsisten "lima" jagoan 
Cirebon. Ngarasa eleh ku Jalma, teu nampi tawaran nyi Ipah anu dipikahayang ku 
Cakramana. Sacara etika, lima jagoan Cirebon ngahormatan ka Jalma 
"papacanganana" Nyi Ipah. Ieu nunjeukkeun sportivitas lima jagoan Cirebon. Sok 
Sanajan Cakramana keukeuh hoyong ngabela nyi Ipah, rek adu jajaten sareng 
jagoan ti Kuningan. Bandingkeun sareng jagoan nu ti Kuningan, ngahalalkeun 
sagara cara, pikeun laksana naon anu jadi cita-cita/udagan. Teu acan tiasa 
nebak, ujug-ujug aya jagoan mawar merah. Naon kapentinganana.

Kumarga nyabit-nyabit wewengkon Kuningan-Cirebon, kumaha upami dina cersil ieu, 
aya carios tokoh komik Parmin "Pendekar Jaka Sembung". Taun 1970 -1980 an komik 
ieu teh kantos populer oge, salian ti komik Si Buta dari Goa Hantu, Panji 
Tengkorak ssjb. Parmin teh saurang pendekar ti wewengkon Kuningan/Cirebon anu 
ngabela rahayat tina penindasan Walanda.

baktos,

mrachmatrawyani



________________________________
 From: Abbas Amin <[email protected]>
To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> 
Sent: Tuesday, March 20, 2012 4:54 PM
Subject: [Urang Sunda] Kamana Kang Yani ?
 

  
Tos aya 3 dinten eta Kaang Yani teu katingal di Milis; 
jadi teu aya ni mirosea deui ka na Cersil teh ari Kang Yani absen mah.

Naha sibuk pisan kituh ? Atanapi nuju ka Luar kota atanapi ka luar NAGREG ? 
hehehe
 
 

Kirim email ke