Sigana kecap "was-was" dina eta tarjamahan leuwih hade diganti ku kecap
"sieun". Kecap "sieun" di dieu ngandung harti anu sakumaha katerangan
saterusna ti Mh (Ki Hasan), boh di fb atawa di ieu milist, nyaeta sikep
skeptis.  Dina literatur tasawuf mah sikep anu sok disebut "Al-Khouf wa
Al-Roja" tea. Ongkoh deui basa Inggrisna oge "worry" anu leuwih condong
kana saharti jeung "sieun" atawa "hariwang".

Anapon kecap "was-was" munasabah lamun tafsiranana teh kurang hade atawa
ngaharib kana sikep anu goreng atawa negatif (ragu-ragu, mang-mang, jst).
Hal ieu sakumaha dina Al Qur'an eta kecap "was-was" digunakeun dina,
upamana, dina surah An Nas ("Qul a'uudzu birobinnaass...jst",) anu mana
dina eta Surah (masyarakat) manusa diparentah supaya nyalindung ka
Pangeranana, Anu mibadana, sembahanana, tina kagorengan si was-was anu teu
weleh ngaharewoskeun (yuwaswisu) karaguan dina hate manusa-manusa, anu kitu
(si was-was) teh minal jinnati wa an naas alias ti golongan jin jeung
manusa (keneh).

Amal (shaleh) tangtu eta hiji amal anu dipigawe karana kayakinan atawa
kalawan landasan kaimanan anu ulah pacampur jeung was-was (dadasarna oge
"alladziina aamanu wa 'amilu sholihati"-jelema2 anu ariman tur ngalakukeun
amal saleh). Anapon ngarasa skeptis naha eta amal bakal kaasup amal shaleh
atawa henteu eta bagian tina "worry" atawa "hariwang" atawa "al-khouf" anu
biasana disusul ku pangharepan (ar-roja).

manar
On Wed, Mar 21, 2012 at 3:23 AM, Ki Hasan <[email protected]> wrote:

> **
>
>
> Quote - Kasadaran nu Ariman
>
> "Sakabeh jalma paeh, kajaba nu boga pangaweruh. Jeung sakabeh nu boga
> pangaweruh hees, kajaba jalma nu migawe kahadean. Jeung nu migawe kahadean
> katipu, kajaba jalma nu ihlas. Jeung jalma nu ihlas salawasna aya dina
> kaayaan waswas.
>
> ~ Imam Shaafi'i
> Panarjamah: Ki Hasan
> ***
>  
>

Kirim email ke