Mantap Kang Oman bahasanana. Jigana ngaharib ka dinya. Ngan bae, upama
diganti ku sieun, asa kurang murwakanti nya. Kedah milarian hiji kecap nu
nggambarkeun kahariwang tapi ngadorong sumanget leuwih soson-soson. Bari
eta kecap teh ngageleser karasana. Kecap naon tah.

2012/3/21 oman abdurahman <[email protected]>

>
>
> Sigana kecap "was-was" dina eta tarjamahan leuwih hade diganti ku kecap
> "sieun". Kecap "sieun" di dieu ngandung harti anu sakumaha katerangan
> saterusna ti Mh (Ki Hasan), boh di fb atawa di ieu milist, nyaeta sikep
> skeptis.  Dina literatur tasawuf mah sikep anu sok disebut "Al-Khouf wa
> Al-Roja" tea. Ongkoh deui basa Inggrisna oge "worry" anu leuwih condong
> kana saharti jeung "sieun" atawa "hariwang".
>
> Anapon kecap "was-was" munasabah lamun tafsiranana teh kurang hade atawa
> ngaharib kana sikep anu goreng atawa negatif (ragu-ragu, mang-mang, jst).
> Hal ieu sakumaha dina Al Qur'an eta kecap "was-was" digunakeun dina,
> upamana, dina surah An Nas ("Qul a'uudzu birobinnaass...jst",) anu mana
> dina eta Surah (masyarakat) manusa diparentah supaya nyalindung ka
> Pangeranana, Anu mibadana, sembahanana, tina kagorengan si was-was anu teu
> weleh ngaharewoskeun (yuwaswisu) karaguan dina hate manusa-manusa, anu kitu
> (si was-was) teh minal jinnati wa an naas alias ti golongan jin jeung
> manusa (keneh).
>
> Amal (shaleh) tangtu eta hiji amal anu dipigawe karana kayakinan atawa
> kalawan landasan kaimanan anu ulah pacampur jeung was-was (dadasarna oge
> "alladziina aamanu wa 'amilu sholihati"-jelema2 anu ariman tur ngalakukeun
> amal saleh). Anapon ngarasa skeptis naha eta amal bakal kaasup amal shaleh
> atawa henteu eta bagian tina "worry" atawa "hariwang" atawa "al-khouf" anu
> biasana disusul ku pangharepan (ar-roja).
>
> manar
>
> On Wed, Mar 21, 2012 at 3:23 AM, Ki Hasan <[email protected]> wrote:
>
>> **
>>
>>
>> Quote - Kasadaran nu Ariman
>>
>> "Sakabeh jalma paeh, kajaba nu boga pangaweruh. Jeung sakabeh nu boga
>> pangaweruh hees, kajaba jalma nu migawe kahadean. Jeung nu migawe kahadean
>> katipu, kajaba jalma nu ihlas. Jeung jalma nu ihlas salawasna aya dina
>> kaayaan waswas.
>>
>> ~ Imam Shaafi'i
>> Panarjamah: Ki Hasan
>> ***
>>
>
>
>
> 

Kirim email ke