Si kuringmah asa leuwih condong, waspada atawa awas tibatan waswas.
..................
Jeung nu migawe kahadean katipu, kajaba jalma nu ihlas. Jeung jalma nu ihlas
salawasna aya dina kaayaan awas lan waspada. :)
ari ihlas teh poho, teu nginget-nginget, teu hayang komo embung. Sanajan pohoan
tapi tetep awas lan waspada bisa ngabedakeun mana syetan mana nu geulis.
ha.ha.ha.
:)
------------------------------
Pada Rab, 21 Mar 2012 12:22 ICT oman abdurahman menulis:
>Sigana kecap "was-was" dina eta tarjamahan leuwih hade diganti ku kecap
>"sieun". Kecap "sieun" di dieu ngandung harti anu sakumaha katerangan
>saterusna ti Mh (Ki Hasan), boh di fb atawa di ieu milist, nyaeta sikep
>skeptis. Dina literatur tasawuf mah sikep anu sok disebut "Al-Khouf wa
>Al-Roja" tea. Ongkoh deui basa Inggrisna oge "worry" anu leuwih condong
>kana saharti jeung "sieun" atawa "hariwang".
>
>Anapon kecap "was-was" munasabah lamun tafsiranana teh kurang hade atawa
>ngaharib kana sikep anu goreng atawa negatif (ragu-ragu, mang-mang, jst).
>Hal ieu sakumaha dina Al Qur'an eta kecap "was-was" digunakeun dina,
>upamana, dina surah An Nas ("Qul a'uudzu birobinnaass...jst",) anu mana
>dina eta Surah (masyarakat) manusa diparentah supaya nyalindung ka
>Pangeranana, Anu mibadana, sembahanana, tina kagorengan si was-was anu teu
>weleh ngaharewoskeun (yuwaswisu) karaguan dina hate manusa-manusa, anu kitu
>(si was-was) teh minal jinnati wa an naas alias ti golongan jin jeung
>manusa (keneh).
>
>Amal (shaleh) tangtu eta hiji amal anu dipigawe karana kayakinan atawa
>kalawan landasan kaimanan anu ulah pacampur jeung was-was (dadasarna oge
>"alladziina aamanu wa 'amilu sholihati"-jelema2 anu ariman tur ngalakukeun
>amal saleh). Anapon ngarasa skeptis naha eta amal bakal kaasup amal shaleh
>atawa henteu eta bagian tina "worry" atawa "hariwang" atawa "al-khouf" anu
>biasana disusul ku pangharepan (ar-roja).
>
>manar
>On Wed, Mar 21, 2012 at 3:23 AM, Ki Hasan <[email protected]> wrote:
>
>> **
>>
>>
>> Quote - Kasadaran nu Ariman
>>
>> "Sakabeh jalma paeh, kajaba nu boga pangaweruh. Jeung sakabeh nu boga
>> pangaweruh hees, kajaba jalma nu migawe kahadean. Jeung nu migawe kahadean
>> katipu, kajaba jalma nu ihlas. Jeung jalma nu ihlas salawasna aya dina
>> kaayaan waswas.
>>
>> ~ Imam Shaafi'i
>> Panarjamah: Ki Hasan
>> ***
>>
>>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/