Weis, mantep Kang Gus, jigana eta tah nya "waspada".

2012/3/21 Gus Maman <[email protected]>

> **
>
>
>
>
> Si kuringmah asa leuwih condong, waspada atawa awas tibatan waswas.
> ..................
> Jeung nu migawe kahadean katipu, kajaba jalma nu ihlas. Jeung jalma nu
> ihlas salawasna aya dina kaayaan awas lan waspada. :)
>
> ari ihlas teh poho, teu nginget-nginget, teu hayang komo embung. Sanajan
> pohoan tapi tetep awas lan waspada bisa ngabedakeun mana syetan mana nu
> geulis. ha.ha.ha.
>
> :)
>
> ------------------------------
> Pada Rab, 21 Mar 2012 12:22 ICT oman abdurahman menulis:
>
>
> >Sigana kecap "was-was" dina eta tarjamahan leuwih hade diganti ku kecap
> >"sieun". Kecap "sieun" di dieu ngandung harti anu sakumaha katerangan
> >saterusna ti Mh (Ki Hasan), boh di fb atawa di ieu milist, nyaeta sikep
> >skeptis. Dina literatur tasawuf mah sikep anu sok disebut "Al-Khouf wa
> >Al-Roja" tea. Ongkoh deui basa Inggrisna oge "worry" anu leuwih condong
> >kana saharti jeung "sieun" atawa "hariwang".
> >
> >Anapon kecap "was-was" munasabah lamun tafsiranana teh kurang hade atawa
> >ngaharib kana sikep anu goreng atawa negatif (ragu-ragu, mang-mang, jst).
> >Hal ieu sakumaha dina Al Qur'an eta kecap "was-was" digunakeun dina,
> >upamana, dina surah An Nas ("Qul a'uudzu birobinnaass...jst",) anu mana
> >dina eta Surah (masyarakat) manusa diparentah supaya nyalindung ka
> >Pangeranana, Anu mibadana, sembahanana, tina kagorengan si was-was anu teu
> >weleh ngaharewoskeun (yuwaswisu) karaguan dina hate manusa-manusa, anu
> kitu
> >(si was-was) teh minal jinnati wa an naas alias ti golongan jin jeung
> >manusa (keneh).
> >
> >Amal (shaleh) tangtu eta hiji amal anu dipigawe karana kayakinan atawa
> >kalawan landasan kaimanan anu ulah pacampur jeung was-was (dadasarna oge
> >"alladziina aamanu wa 'amilu sholihati"-jelema2 anu ariman tur ngalakukeun
> >amal saleh). Anapon ngarasa skeptis naha eta amal bakal kaasup amal shaleh
> >atawa henteu eta bagian tina "worry" atawa "hariwang" atawa "al-khouf" anu
> >biasana disusul ku pangharepan (ar-roja).
> >
> >manar
> >On Wed, Mar 21, 2012 at 3:23 AM, Ki Hasan <[email protected]> wrote:
> >
> >> **
>
> >>
> >>
> >> Quote - Kasadaran nu Ariman
> >>
> >> "Sakabeh jalma paeh, kajaba nu boga pangaweruh. Jeung sakabeh nu boga
> >> pangaweruh hees, kajaba jalma nu migawe kahadean. Jeung nu migawe
> kahadean
> >> katipu, kajaba jalma nu ihlas. Jeung jalma nu ihlas salawasna aya dina
> >> kaayaan waswas.
> >>
> >> ~ Imam Shaafi'i
> >> Panarjamah: Ki Hasan
> >> ***
> >>
> >>
>
>  
>

Kirim email ke