Fikmin #Munggahan#
Ku: Ki Hasan

"Dag, dulugdug, dag, dulugdug, dag...!" "Treng, trong, teng...!" "Treng,
trong, teng...!" Barudak di Tajug, maceuh ngadulag. Ma' Uneh pakpikpek di
dapur. Lulumpang jeung halu tatalu. Coet jeung mutu diadu. Ngabarak samara
keur opor hayam. "Bah! Usep pesen dada mentona nya!" Bah Kardi singkil.
Sarung dibeulitkeun kana cangkeng. Gasik ngudag si Rengge. Gabrug dirontok.
Si Rengge ngagarapak. Luncat ka tepas. Crot! Ngabayabah dina palupuh.
Gabrug deui. "Beunang siah! Tong lingas teuing sia teh Rengge! Kawas kanu
lian wae!" "Sep kadieu euy! Pang nyekelankeun!" "Wayahna Rengge, dipenta
ridona, ku kami rek disampurnakeun!" Geresel. "Bismillahi Wallahu Akbar!"

Kirim email ke