Nuhun Ki Abbas, diantos lajenganna. Jazaakallah. Cersil Fans Club Garut -hehehe
::zya ________________________________ From: Abbas Amin <[email protected]> To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Sent: Wednesday, 21 March 2012 12:39 PM Subject: [kisunda] Cersil Sunda 125 Ki Somad mah nungguan we sabar. Sanggeus sadar, jeung namatkeun wiridanana, Jalma gancang we nyarita ka Ki Somad:”Jung maneh gura giru balik deui; caritakeun Jalma rek neangan Nyi Ipah; moal waka datang ka Wanayasa lamun can kapanggih raratanana. Maneh ulah lila di dieu bisi para Ajengan di ditu deudeupeun; caritakeun deuih Ka Apa Ajengan Salim, supaya teger.” Nya leos wae Ki Somad naek delman deui nuju Wanayasa. “Rek kamana deui Jalma ?” Cek Nyi Emeh; nempo Jalma gesat gesut beberengkes. “jeung eta make rompi kulit Maung, mawa kantong kulit Maung, pigeulang mamake kulit Maung, mani dines pisan, rek kamana deui Jalma ?” “Nyi Ipah leungit, diculik ! Kuring ayeuna rek indit neangan……….. “ “Haaaah ! Baruk Nyi Ipah diculik ?! Saha jelemana mani culak culik kitu ?” “Nu matak ema, kuring teh ayeuna rek neangan, duka kamana, da teu jelas ?” “Aduuuh Jalma, usahakeun pisan sing kapanggih eta Nyi Ipah teh, kapan papacangan Ujang; ulah balik mun can kapanggih raratanana.” “Muhun kitu pisan Ema; kuring ayeuna rek neangan Nyi Ipah.” “Kamana neanganana ? Da dunya teh geuning sakieu legana !?” “Nya mimiti mah rek nanya ka Pasir Buncit, sugan we maranehna nyaho kudu kamana.” “Enya jung indit, ema mah ngan ukur sambung dua.” “Puguh eta pisan nu diharep ku kuring teh Ema; dua ti Ema. Mangga atuh kuring ayeuna indit. Assalamu’alaikum !” Terus we Jalma satengah lumpat, nuju Pasir Buncit. Teu dicatur dijalanna, tepi we ka Pasir Buncit. Atuh Ki Darga, Ki Wira jeung nu sejenna karageteun nempo Jalma datang ngadadak kitu, siga aya nu penting pisan, bari mamake baju Maung, nu hartina Jalma ayeuna keur aya di na “siap tempur”. Nu pangheulana nanya Ki Wira :”Aduh kuring sarerea kaget ku kadatangan sampeyan Jalma, aya naon !?” Sanggeus diuk, Jalma nyaritakeun kadatangan Somad ti Wanayasa jeung leungitna Nyi Ipah. Sarerea pada kaget. Terus Ki Darga nyarita:”Kuring sarerea ti Maung Hideung, moal cicingeun, ayeuna keneh bakal nyebarkeun para tukang nyilidik ka mana mana; ngan kuring menta kasabaran sampeyan, Jalma. Sing teger, sing tenang, da moal beres hasilna ku garabag gurubug mah; ayeuna kuring menta, sampeyan Jalma, cicing heula di Pasir Buncit, nunggu warta2 nu pasti; percayakeun ka kuring sarerea. Ke mun geus jelas kakara urang nyieun tindakan.” Jalma mikir, yen memang ayeuna mah jalanna ngan ukur eta hiji2na; lantaran neangan jelema nu diculik mah, ibarat neangan hiji jarum nu ragrag ka na tumpukan jarami; kudu sabar neanganana; lamun gesat gesut; lain wae jarum teu panggih, malah jadi leuwih leungit deui da kapeclengkeun, waktu gesat gesut kokoreh di na jarami. Nya Jalma teh waktu harita mah, ngumpul we jeung kumpulan Maung Hideung; bari nunggu2 warta. HANCA
