Tilu poe ti
harita, sabagean tukang nyilidik baralik; rata2 hasilna nyamos; tapi aya nu
mere harepan, nya eta nu neangan ka kaler; manehna panggih jeung tukang macul;
cenah manehna nempo aya awewe ngora keneh lulumpatan nuturkeun padati jeung 4
kuda; tapi kaciri katinggaleun; cenah nuju ka jurusan Kuningan. 


“Kuningan
?”Cek Ki Wira. “Tah di Kuningan teh aya hiji kumpulan ngaranna Rajawali bodas;
cing cobaan silidik ka ditu, bisi enya nu ngalakukeun culika teh Rajawali
Bodas! Tapi keur naon nya ? Jeung saha eta budak awewe nu lulumpatan bisa
nyusud nu naraek kuda ?” 


“Lain kituh
Nyi Epon ?” Cek Jalma. “Tapi asana Nyi Epon mah moal mungkin bisa nuturkeun
kuda lumpat ?” 


“Enya, tapi
nu leungit teh kapan Nyi Ipah, jeung Nyi Epon. Moal salah Nyi Epon nekad
nuturkeun sabisa bisa.” 


“Euh enya”
cek Jalma. “Memang salah sahiji sipat Nyi Epon teh nya eta patekadanana kuat.
Atawa ketang, boa salila di Pasantren manehna diajar Silat ?” 


Keur kitu
jol deui nu nyilidik di Wanayasa, lengkep ieu mah wartana; cenah Nyi Epon
diajar Ku Kiai Salam silat, lumayan cenah kabisana; moal salah memang Nyi Epon
nu rek nyoba2 nulungan Nyi Ipah teh; tapi sigana gagal. Boa ayeuna duanana ge
katangkep; Nyi Epon milu ditawan.” 


Nya ahirna
dikirim tukang nyilidik ka Kuningan; dua poe ti harita geus balik deui, manehna
nyarita yen ampir we kapanggih ku urang Rajawali Bodas, mun teu buru2 nyingkir
mah; manehna ayeuna meunang kapastian yen cenah aya dua tawanan awewe ngora
keneh pisan, aya di jero panjara Rajawali Bodas.” 


Eta ge
informasina teu dihaja; lantaran Rajawali Bodas Kacida kerasna ngajagana, asal
aya jelema anyar pinanggih ka daerah eta, nu deukeut ka Rajawali Bodas, tangtu
diinterogasi ku maranehna, tah Ki Jumad nu dititah nyilidik ka Kuningan deukeut
markas Rajawali Bodas , diinterogasi mani gemet pisan . Untung waktu ditunyu
Tanya mimiti; manehna bisa ngayakinkeun Rajawali Bodas yen manehna enyaan ti
Cirebon usaha tarasi; tapi di poe kadua ku sabab manehna can indit wae, Urang
Rajawali Bodas rada curiga; maranehna neundeun hiji pangawas di tempat di mana
KI Jumad milu cicing; bari ngobrol manehna api2 teu ngarti, nanya ka nu boga
imah:”Naha nya mani keras pisan di dieu teh ?” 


:”Sstttt,
cek nu boga imah, ulah tarik2 teuing bisi cilaka ?” 


“Kunaon
kituh ?” cek Jumad masih api api. 


“anjeun can
terang ………. ? manehna haharewosan ……….. aya dua budak awewe…….. kakara ge nepi
ka dinya; corowok ti luar aya nu nyorowok :”Eh Emen ! semah nu ti Cirebon aya
keneh ?!” 


Gebeg ki
Jumad ngagebeg, wah bahaya yeuh, boa geus kaambeu aing keur nyilidik ? aing
kudu gura giru nyingkir.” Cek Jumad di na hatena. Terus we ngaharewos yen geus
indit kituh. 


Ki Emen ( nu
boga imah ) nyorowok :”Geus indit !” 


“Naha nya
teu kaciri ngaliwat ?” 


Waktu keur
ting corowok kitu, ki Jumad keketeyepan, kaluar ti imah Emen, terus
susulumputan nuju ka leuweung nu deukeut ka dinya; sementara rek nyumput heula.
Ki Jumad ngintip ti na rungkun; kaciri Tilu anggota Rajawali Bodas mariksa ka
jero imah. Aduh ampir we, cek hate Ki Jumad; untung aing gancang ngejat. 


Sanggeus
mariksa yen enya euweuh, nu tiluan kaluar deui rarat reret; malah nempo oge ka
rungkun tempat Jumad nyumput; Ki Jumad mani nahan nafas ku sieun2na kapanggih.
Ahirna ku sabab teu manggihan Ki Jumad nu tiluan ti Rajawali Bodas ting laleos
arindit. Sanggeus rada lila; Jumad kakara wani kaluar , terus we purat perot
kabur; untung salamet nepi ka Pasir Buncit.
HANCA
 

Kirim email ke