US Jumad atawa Ki Jumad, Bah? -hehe
________________________________ From: Abbas Amin <[email protected]> To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Sent: Thursday, 22 March 2012 12:04 PM Subject: [kisunda] Cersil Sunda ka 126 Tah nambahan ngaran US Jumad Tilu poe ti harita, sabagean tukang nyilidik baralik; rata2 hasilna nyamos; tapi aya nu mere harepan, nya eta nu neangan ka kaler; manehna panggih jeung tukang macul; cenah manehna nempo aya awewe ngora keneh lulumpatan nuturkeun padati jeung 4 kuda; tapi kaciri katinggaleun; cenah nuju ka jurusan Kuningan. “Kuningan ?”Cek Ki Wira. “Tah di Kuningan teh aya hiji kumpulan ngaranna Rajawali bodas; cing cobaan silidik ka ditu, bisi enya nu ngalakukeun culika teh Rajawali Bodas! Tapi keur naon nya ? Jeung saha eta budak awewe nu lulumpatan bisa nyusud nu naraek kuda ?” “Lain kituh Nyi Epon ?” Cek Jalma. “Tapi asana Nyi Epon mah moal mungkin bisa nuturkeun kuda lumpat ?” “Enya, tapi nu leungit teh kapan Nyi Ipah, jeung Nyi Epon. Moal salah Nyi Epon nekad nuturkeun sabisa bisa.” “Euh enya” cek Jalma. “Memang salah sahiji sipat Nyi Epon teh nya eta patekadanana kuat. Atawa ketang, boa salila di Pasantren manehna diajar Silat ?” Keur kitu jol deui nu nyilidik di Wanayasa, lengkep ieu mah wartana; cenah Nyi Epon diajar Ku Kiai Salam silat, lumayan cenah kabisana; moal salah memang Nyi Epon nu rek nyoba2 nulungan Nyi Ipah teh; tapi sigana gagal. Boa ayeuna duanana ge katangkep; Nyi Epon milu ditawan.” Nya ahirna dikirim tukang nyilidik ka Kuningan; dua poe ti harita geus balik deui, manehna nyarita yen ampir we kapanggih ku urang Rajawali Bodas, mun teu buru2 nyingkir mah; manehna ayeuna meunang kapastian yen cenah aya dua tawanan awewe ngora keneh pisan, aya di jero panjara Rajawali Bodas.” Eta ge informasina teu dihaja; lantaran Rajawali Bodas Kacida kerasna ngajagana, asal aya jelema anyar pinanggih ka daerah eta, nu deukeut ka Rajawali Bodas, tangtu diinterogasi ku maranehna, tah Ki Jumad nu dititah nyilidik ka Kuningan deukeut markas Rajawali Bodas , diinterogasi mani gemet pisan . Untung waktu ditunyu Tanya mimiti; manehna bisa ngayakinkeun Rajawali Bodas yen manehna enyaan ti Cirebon usaha tarasi; tapi di poe kadua ku sabab manehna can indit wae, Urang Rajawali Bodas rada curiga; maranehna neundeun hiji pangawas di tempat di mana KI Jumad milu cicing; bari ngobrol manehna api2 teu ngarti, nanya ka nu boga imah:”Naha nya mani keras pisan di dieu teh ?” :”Sstttt, cek nu boga imah, ulah tarik2 teuing bisi cilaka ?” “Kunaon kituh ?” cek Jumad masih api api. “anjeun can terang ………. ? manehna haharewosan ……….. aya dua budak awewe…….. kakara ge nepi ka dinya; corowok ti luar aya nu nyorowok :”Eh Emen ! semah nu ti Cirebon aya keneh ?!” Gebeg ki Jumad ngagebeg, wah bahaya yeuh, boa geus kaambeu aing keur nyilidik ? aing kudu gura giru nyingkir.” Cek Jumad di na hatena. Terus we ngaharewos yen geus indit kituh. Ki Emen ( nu boga imah ) nyorowok :”Geus indit !” “Naha nya teu kaciri ngaliwat ?” Waktu keur ting corowok kitu, ki Jumad keketeyepan, kaluar ti imah Emen, terus susulumputan nuju ka leuweung nu deukeut ka dinya; sementara rek nyumput heula. Ki Jumad ngintip ti na rungkun; kaciri Tilu anggota Rajawali Bodas mariksa ka jero imah. Aduh ampir we, cek hate Ki Jumad; untung aing gancang ngejat. Sanggeus mariksa yen enya euweuh, nu tiluan kaluar deui rarat reret; malah nempo oge ka rungkun tempat Jumad nyumput; Ki Jumad mani nahan nafas ku sieun2na kapanggih. Ahirna ku sabab teu manggihan Ki Jumad nu tiluan ti Rajawali Bodas ting laleos arindit. Sanggeus rada lila; Jumad kakara wani kaluar , terus we purat perot kabur; untung salamet nepi ka Pasir Buncit. HANCA
