Ajen etika cenah nyoko ti na kabutuh; tah ku sabab aya nu butuhan ka 128; ku 
kuring dikirim no 128 na. HahahahaPunten; salajengna ieu ka 128; mangga 
ngahaturkeun sae mah henteu; lumayan we ieu mah :

“Kitu cenah
omongan Ki Abd Gofar teh; ayeuna sigana 5 Macan geus suwung, duka ka mana !?” 

Ki Wira
ayeuna mah nu nyarita:”Ku naon atuh teu sakalian wae tanyakeun ka bujang di
dinya, kamana leosna eta nu limaan teh ?” 

“Maranehna
ge euweuh nu nyahoeun ka mana leosna eta nu limaan, sigana rasiah pisan; ku
kuring ditambahan ge, maranehna nolak, lantaran cenah bener2 teu nyaho !” 

Si pendekar
Maung Sancang, ayeuna mah nu giliran ngomong:”Tah sigana ayeuna mah geus jelas,
yen nu ngalakukeun lampah NYULIK teh Rajawali Bodas; ayeuna hayu urang rurug
eta Markas Rajawali Bodas teh. Meureun maksudna mah matak nyulik Nyi Ipah teh
susuganan wae Nu limaan daek nukeurkeun Nyi Ipah jeung Mutiara Hideung !” 

Ki
Darga:”Enya ka na kitu tah mangkeluk Rajawali Bodas teh, matak nyulik Nyi Ipah
teh, lantaran hayang ngapimilik Mutiara Hideung !” 

Jalma :”Tah
ayeuna hayu urang ka ditu, tapi kudu ati2 lantaran maranehna nyekel eta Nyi
Ipah jeung Nyi Epon. Penta heula ku jalan dame; mun teu bisa kapaksa urang
basmi we sakalian.Tuman wawanianan nyulik budak awewe tanpa dosa.” 

Tah terus we
Jalma jeung sakabeh balad Maung Hideung ngadatangan markas Rajawali Bodas. 

Ayeuna Ki
Tanu nyorowok ti luhur :”Eh balad2 Maung Hideung ! Hubungan urang, lir ibarat
Cai jeung minyak; euweuh hubunganana ! Naon sababna  sampeyan sarerea ngarurug 
ka dieu !?” 

Ki Darga
nyorowok, nembalan :”Eh Ki Tanu ! Kaula Darga ! Pingpinan Maung Hideung ! Mun
aya haseup, tangtu aya seuneu ! Moal samata mata Kaula ka dieu ngarurug, lamun
sampeyan teu ngalakukeun hiji kasalahan !”HANCA
 

Kirim email ke