Geus teg
deui wae Ki Tanu ka na masalah nyulik budak awewe :”Terus nyorowok deui :”Eh Ki
Darga ! Ti iraha sampeyan pipilueun urusan batur nu euweuh hubunganana?!” 

   Ki
Darga nyorowok deui :” Tah ieu budak ngora, ngaranna Jalma gelarna Pendekar
Maung Sancang ! Manehna urang Wanayasa !” 

Ngadenge
Wanayasa disebut, mani ngageter Ki Tanu; awakna jadi ngadegdeg nirisan; enya we
perkara budak awewe diculik deui wae; naha diri aing asa ku sial2 teuing ? Ti
na reuwas jeung sieun, kaluar we ambek; ahirna nyorowok deui :”Eh Darga ulah
sangeunahna wae nuduh ! Mana buktina !?” 

Ahirna Jalma
milu nyorowok oge :”Eh Para anggota Kumpulan Rajawali Bodas; mangka waspada
sampeyan sakabeh ! Ieu kumpulan bakal dibubarkeun, jeung bakal sangsara hirupna
; ngan wae lamun sampeyan daek mulangkeun Nyi Ipah jeung Nyi Epon; tangtu bakal
dihampura; kumpulan anjeun masih keneh salamet.” 

Ngadenge
omongan Jalma kitu, para anggota Rajawali Bodas, loba nu sareuri mani tarik
lantaran asa lucu nempo jelema budak keneh, ngancam rek ngabubarkeun ieu
perkumpulan? Nya atuh pamohalan ! Cek pamikir maranehna. Atuh teu kaampeuh deui
ger we saleuseurian. 

Jalma Kacida
ambekna, terus turun ti na kudana, sejana rek maju; tapi burudul teh panah ti
luhur; atuh kapaksa Jalma mundur deui; lengkahna katahan ku murudul na 
panah.HANCA
 

Kirim email ke