Ti luhur bari mere komando Ki Tanu ulak ilik, manehna rada heran, sabab teu nempo budak ngora nu make pakean Maung deui ? Kamana nya ? Cek hatena. Manehna rada curiga oge; tapi ku sabab manehna boga benteng nu dianggap kuat, pikeun nahan musuh, manehna tetep we tenang; bari mareuman seuneu bari terus manahan; di na waktu ieu posisi masih imbang. Pasukan Maung Hideung keukeuh can bisa maju; lantaran pasukan panah ngajaga kuat pisan; sedengkeun panah2 seuneu geus karasa kakurangan. Ki Darga jeung Ki Wira ngarti naon sababna Jalma ngiles, maranehna oge taki2 mun kaciri Jalma hasil; maranehna bakal maraju ngambreg. Jalma nempo giling gisikna ronda di luhur; sababaraha kali ngaraliwat oge kana deukeut tangkal kai nu gede tea nu dipake nyumput ku Jalma; tapi sama sakali teu nempoeun ka Jalma; bari nempona ge kaciri ngan ukur saliwat2 , lantaran meureun maranehna teu boga sangkaan sama sakali, yen musuh bakal ngagunakeun eta tangkal kai. Enya ge ting lalieuk tapi teu ditelek telek, padahal di omat2an pisan ku Ki Tanu, supaya eta tangkal kai kade kudu diawaskeun pisan; lantaran Ki Tanu ngarti, mun musuh bisa asup ti dinya pertahanan bisa bobol. Tapi anak buahna kaciri nyapelekeun eta parentah, meureun cek pipikiranana saha jelemana nu wani naek kai sakitu gedena; di na bisana ge kaburu dipanah manten. Maranehna teu ngitung sama sakali yen keur Jalma mah tangkal kai eta teh gampang pisan naekna, jeung nyumput ge Jalma bisaan pisan, nepi ka teu kacirieun sama sakali ku nu ngaronda. Sanggeus sababaraha kali nu ronda ngaliwatan eta tangkal kai, kaciri nu ngajaga beuki lalawora bae, jeung Jalma geus apal iraha waktu na tiap group ronda ngaliwatan eta tangkal kai. Sanggeus siap pisan, barang aya deui ronda nu ngaliwat gancang Jalma luncat; bari make ilmu ngahampangkeun raga; atuh barang napak teh, teu kadenge sora sama sakali; ayeuna Jalma geus aya di jero markas Rajawali Bodas, di umpak nu pangluhurna; barang keur keketeyepan leumpang, di tukangeun manehna kadenge aya sora nu ngarobrol bari kaciri siga pada taregang, lantaran meureun keur perang tea. Gancang wae Jalma luncat ka na kusen hateup terus merengketkeun dirina nepi ka nempel pisan ka na hateup nu teu di lalangitan; ronda ngaraliwat bari aya nu ngomong; asa nempo nu ngajorelat tadi ! cek nu hiji nu panghareupna. Ah maneh mah ku sabab musuh deukeut jeung nyerang, tetenjoan teh pasti asa aya musuh; teu teusingna musuh lah; bari terus ngaraliwat deui. Jalma rada “tegang” oge; lantaran mun manehna ayeuna ribut, can puguh manehna hasil, ayeuna nu penting neaangaan dimana tempat Nyi Ipah jeung Nyi Epon ditawan. Teu kungsi lila Jalma geus nempo aya panto jeung golodog nu nuju ka handap; terus we ati2 pisan manehna turun. Nyata di ruang tengah ieu, ampir euweuh anggota Rajawali Bodas; rupanaa ampir kabeh ka umpak luhur keur ngajaga Benteng. Nya Jalma laluasa neangan, tapi tetep teu ka panggih; ahirna Jalma nempo aya panto nu brasnaa ka handap; tah ieu meureun tempat tawanan teh. Terus manehna neangan nu aya sari2 panjara; nya manehna nempo dua anggota keur ngajaga kamar2 laleutik, meureun eta teh tempat nawan nu ditangkep ku Rajawali Bodas. Si nu duaan kaciri pisan teu aya kawaspadaan sama sakali; maranehna, keur ngarobrol bari siap2 mun aya parentah ti umpak luhur.Hanca
