“wah kumaha
nu perang di luhur teh can anggeus wae kituh ? cek nu hiji. 

“Enya
sigana, cenah mah nu ngagempur ka dieu teh ti Maung Hideung.” 

“Maung
Hideung ? Jauh2 nanaonan ngamusuhan ka urang nya ?” 

“Nyao teuing
atuh, ah asa ku tarunduh pisan nya?” 

“Enya,
baturna ngabenerkeun.” Duanana ting kerelek heuay. 

Ati2 pisan
Jalma nyampeurkeun eta nu duaan, ngan sakilat Jalma geus aya tukangeun
maranehna , bari teu karasa pisan; atuh barang duanana digitik; teu loba rebut,
bru we duanaana sarare siga tibra pisan. Terus Jalma mukaan kamar laleutik di
dinya; aya opat kamar; tapi kabeh ge karosong. 

“Naha
geuning euweuh nya ? Nyi Ipah jeung Nyi Epon teh ? Dikamanakeun atawa ditawan
dimana ? Da asa euweuh deui tempat sejenna ? Tapi kacirina memang ieu Rajawali
Bodas teh geus nyulik eta budak awewe dua; tapi sanggeus kitu, teu nyaho
kumaha, tah ieu kudu ditanyakeun ka Ki Tanu; nu penting ayeuna kudu nalukkeun
Ki Tanu. Lamun eta Nyi Ipah jeung Nyi Epon henteu nyampak di dieu ; aya alusna
ayeuna urang duruk sakalian; ieu markas teh; da geus puguh eta dua sobat Jalma
suwung euweuh di mana mana. Samemeh indit Jalma ti kajauhaan maledogkeun batu
leutik pikeun ngabebaskeun nu duaan; mun henteu, engkena bakal paeh
kapanggang bari teu daya teu upaya. 

Leos we
kaluhur ka umpaak dua; terus neneangan bahan2 nu gampang kahuru ; der wae
umpak tengah atawa umpak dua, ku manehna diduruk; sakeudeung ge seuneu
ngabebela; nu dikuhur ribut; cenah seuneu geus gede pisan ayana ditingkat dua;
atuh ribut hayang mareuman; ari Jalmaa gancang muka panto utama bari terus
nyundutan ku seuneu. Atuh ayeuna mah anggota2 Rajawali Bodas panurisat, bari
sasenjata senjatana; tarurun; ari Jalma gancaang mere komando serbu ! Ka
Pasukan Maung Hideung; teu kudu ngaduakalian. Ki Darga saparakanca gancang
nyerbu ngagempur para Anggota Rajawali Bodas nu kacida “panikna”/geumpeurna ku 
sabab
seuneu di mana2 geus ngabebela; maranehna tarurun bari jeung nekad; atuh 
sakeudeung
ge loba pisan pasukan Rajawali Bodas nu paragat disabetan ku bedog2 pasukan
Maung Hideung. Encan deui aya nu moncrot polona ditinggang ku Ki Joyo Sembodo. 

Ki Tanu bari
marehong, kaciri ambek pisan, laju nyentak :”Eh Ki Darga, hayu ayeuna mah urang
tangtukeun saha antara urang nu leuwih jago ! naha Kaula atawa sampeyan ! Sok
ulah wanina ngan ukur koroyokan.”HANCA
 

Kirim email ke