Pok we Ki Tanu ngomong :”Kuring teu menta; sampeyan nu ngajangjikeun. Jadi mun Kula tahan 5 jurus ; sampeyan bakal ngabebaskeun Kaula !?” “Enya !” “Hahahaha……………. Sok we atuh serang model tadi Kaula siap !” Langsung Jalma nyerang jurus kahiji mani cepet pisan; tapi Ki Tanu ge ngan sakilat ngagagalkeun eta serangan, bari nyebut :Hiji ! cenah. Manehna bari rek ngaledek supaya Jalma napsu; engkena lain wae bisa nahan lima jurus, malah manehna hayang mulangkeun cabokan nu tadi. Tapi jurus nu kadua, lain saperti tadi seranganana teu pati kesit , ngan karasa beurat; hese beleke Ki Tanu nakis, manehna mundur tilu tindak, kesang luut leet. Wah ! Cek hatena, lain wae kesit ieu si Jalma teh tanaga jerona susah diukurna ! Wah ! naha aing poe ieu sial pisan ? Bakal nambru ku budak olol leho ?” Pipikiran Ki Tanu baluweng, barang Jalma nyebut ka tilu ! bari jurusna saperti nu kahiji, tapi bari ditambahan ku tanaga jero 7 bagian atuh barang plak ditakis; peletak ! cenah, leungeun katuhu Ki Tanu potong teu bisa nahan gebrakan ka tilu ti Jalma; ohek, manehna oge utah getih koloyong bru we nambru. Ki Darga ayeuna mah maphum pisan, yen mun bareto basa tarung, dituluykeun tangtu manehna bakal cilaka kawas Ki Tanu, enya ge masih boga Tapak Braja, tapi sigana mah moal bisa nahan serangan Jalma nu saperti tadi; ah untung aing gura giru eureun. Kitu pikiran Ki Darga waktu harita, Ki Darga ayeuna mah enya2 ngarasa taluk ka Jalma teh, lain pedah murid Ki Nurustunjung wungkul.HANCA
