Der atuh ieu dua pimpinan teh tarung; nu sejen gancang ngeureunan heula, lantaran hayang lalajo nu ngadu jajaten; da langka pisan maranehna nempo dua jagoan tarung. Nyata Ki Tanu wajar jadi Pimpinan di Rajawali Bodas, manehna Kacida tangginasna; satiap gerakan kacida cepetna; Ki Darga ampir2an kakeunaan wae; untung Ki Darga ge lain sambarang Pamimpin; manehna ge geus taunan mingpin, jeung geus puluhan kali tarung jeung papada jadug; enya ge rada kadesek tapi masih bisa males; duanana ayeuna geus aya kana 50an jurus, can aya nu keok. “Eh areureun heula sampeyan !” Jalma nyorowok . Nyorowokna Jalma make dieusi ku tanaga jero; atuh boh ki Darga boh Ki Tanu; ngarasa jantungna asa copot; terus we duanana luncat. Ari Ki Darga mah geus apal saha nu ngeureunkeun eta pertempuran; ari Ki Tanu mah larak lirik neangan saha nu bieu ngomong, Ari Jalma mah diliwat; manehna ngan melengna ka Ki Wira; sabab nyangka meureun ieu nu rada kolot nu boga tanaga jero hebat teh, Manehna rada deg degan. Ki Tanu ahirna pok ngomong:”Hehehehe, Maung Hideung rek ngoroyok ? Sok lah sakalian, Kula mati ge teu panasaran. Hahahaha !” Jalma terus maju ka hareupeun Ki Tanu :”Ki Tanu, teu perlu koroyokan, mun maneh bisa tahan 5 jurus jeung Kaula; Kaula bakal ngajamin sampeyan bebas indit ka mana wae moal dihalangan; ngan bejakeun di mana NYi IPah jeung Nyi Epon !” “Naon !? 5 jurus !? Tong ngahoa kitu maneh, budak ngora ! Paling ge Kaula nu bakal ngomong kitu teh…………. “ Can ge tamat ngomongna keplok ! pipina dicabok ku Jalma; mani karasa nyeri pisan. Reuwas jeung kaget Ki Tanu; ahirna sadar yen nu bener2 jagoan diantara musuhna teh nya pamuda ieu. Tadi ngan sakilat pisan manehna kacabok, bari teu bisa nyingcet2 acan. NYata ieu pamuda teh Jago. Ngan bae manehna tadi mah meureun nganggap enteng teuing; manehna nyebutkeun lima jurus ! Wah 50 jurus ge can puguh aing eleh ! Enyaan teu kapalang gelo ieu pamuda teh. Keun we lain salah aing, bonganna make wani ngahoa kitu.”HANCA
