Quote - Sakeclak Cai Saurang guru Zen nu ngaranna Gisan nitah ka saurang murid ngora sangkan pangmawakeun cai saember keur nyebor bak mandi.
Eta murid mawa cai laju, sanggeus nyebor bak mandi, sesa cai nu ngan saeutik dipiceun kana taneuh. "Silaing bodo!" ceuk eta pandita ngambek. "Kunaon silaing teu ngagunakeun eta sesa cai keur nyebor tutuwuhan? Naon hak silaing ngamomorekeun najan sakeclak cai di ieu kuil?" Saharita oge eta murid ngora geus meunangkeun Zen. Manehna ganti ngaran jadi Tekisui, nu hartina sakeclak cai. Tarjamahan "A Drop of Water" dalam "101 Zen Stories". Panarjamah: Ki Hasan ***
