Nasreddin, di na hiji waktu ngalalana; jol we ka hiji pilemburan, di mana eta
pilemburan teh saenyana teu pati alus di na masalah cai; tiap taun pasti 
kaserang
ku halodo panjang; tapi ku sabab geus biasa nya maranehna tedtep we tahan di 
dinya. 

Maranehna jadi EVOLUSI nya eta tahan ku HALODO panjang; ari beubeungeutan mah 
sarua we jeung jelema sejen, teu nyaho palebah mana bedana jeung manusa nu teu
evolusi teh ? Hehehehe. Naha jadi ka na EVOLUSI ? Ngalantur.

Tah Nasreddin asup ka lembur eta dimana halodona leuwih ti sasari; cenah geus 
sataun leuwih hujan teu turun wae; ayeuna kabeh katalaangsara.

"Euh cek Nasreddin, sok sadiakeun cai saember, ari hayang hujan turun mah ?"

Urang pilemburan, tingparolohok kaget, di na hatena naksir, na enya kituh ieu 
jelema
rudin jeung musafir bisa ngagero Hujan ? Tapi ku sabab panasaran, nya eta 
jelema2 usaha, meunang 2 jam aya we cai saember.

Nasreddin, barang nempo eta cai saember, terus we cucul2, jubahna dilaan, teu 
tata
pasini deui brus we eta jubah nu bau jeung lecek teh diasupkeun ka na ember nu
dieusi cai 
...................................................................................

Atuh harita keneh lain lalaki wungkul, dalah awewe2 ge kukulutus, jeung ting 
salengor; malah akhirna rob wae Nasreddin diriung, rek 
digebugan....................... tapi can ge
gejrot ditaringgangan..................... ari GEBRET teh 
hujan................... jeung bari lila
deuih; atuh bari bungah jeung gumbira, gancang eta urang lembur nandean cihujan,
cul wae Nasreddin mah diaantep.

Sanggeus meunang loba nandean cihujan, jeung hujan mimiti root, terus we urang 
lembur ngalingkungan deui Nasreddin; tapi ayeuna mah lain rek ngagebugan, ngan 
nganuhunkeun, jeung ngucapkeun kaheranan, ku naon bet Nasreddin sakitu saktina 
bisa ngadatangkeun hujan ?

"Yeuh.............. ki dulur nu keur ngalalana, uing sarerea menta dihampura, 
lantaran tadi rek ngagebugan ka ki silah; lantaran eta cai teh meunang 
ngumpulkeun ti tiap kulawarga sakeclak  sakeclak ! Da langka pisan nu boga cai 
di dieu mah; jadi ti na cai sakeclak, dikumpulkeun mah jadi we saember. Eta 
hese beleke pisan ngumpulkeunana teh; naha atuh ku ki silah langsung diabusan 
jubah ki silah nu nya kotor nya ledok ?! Pantes mun urang lembur arambekeun 
teh...................... untung kaburu turun hujan.............  ngan eta 
anehna, naha hujan bisa turun nya ?"

Cek Nasredding :"Tong heran................ lain uing sakti; tapi geus ti 
baheula mula; eta jubah uing nu memang teu sabulan sakali diseseuseuh; asal 
diseuseuh, PASTI UNGGAL2 GE SOK TURUH HUJAN !!!

Kirim email ke