Sanes Bah, dupi ieu mutiara hideung teh aya hubungannana sareng mustika batu
hitam wiro sableng panginten nya? Atanapi nu aya dina carios ko ping ho?
-----Original Message-----
From: Abbas Amin
Sent: 24/03/2012 7:46:33 am
Subject: [kisunda] Cersil Sunda 135
Ayeuna balik
deui ka Ki Tanu, manehna rek maksakeun hudang deui lantaran hayang nyumponan
lima jurus tea; tapi badanna karasa rampohpoy; ohek deui, tanda manehna tatu
beurat pisan di jero keuna serangan tanaga jero Jalma.
“Hayoh !
Kumaha maneh taluk ayeuna ?!” Ki Tanu ngan ukur unggeuk, da geus teu kuat
ngomong2 acan.
“Eh ayeuna
bejakeun ka Kaula di mana Nyi Ipah jeung Nyi Epon?
Anak buah nu
pang satiana ka Ki Tanu, ngaranna Ki Suja; terus we nyaritakeun masalah Mutiara
Hideung, jeung ahirna kadatangan Walet Hideung Pamimpinna nya eta Mawar
Hideung. Jadi cenah, eta dua budak awewe teh diaku murid Mawar Hideung.
“Mawar
Hideung” !? Tiluan Jalma, Ki Darga jeung
Ki Wira, ngomong meh bareng.
”Enya Mawar
Hideung, manehna ngajorag ka dieu sosoranganan, tapi euweuh nu wani ngalawan
saurang ge; kitu deui 5 Macan Cirebon; maranehna ngiprit ti heula; nya urang
sarerea katempuhaan buntut maung, kudu nyanghareupan Mawar Hideung. Nya
dipasrahkeun we eta dua budak teh. Lantaran moal aya nu kuat ngalawan eta si
Mawar Hideung; manehna geus ngelehkeun Si Setan Alas Kobar nu dipikasieun ku
sarerea.
“Ari eta nu
5 Macan Cirebob, aya naon kadieu ?” Jalma nanya ka Ki Suja.
“Nu
nyababkeun diiwatna NYi Ipah ti Wanayasa teh, nya lantaran eta 5 Macan Cirebon
!”
“Hah……….. “
Jalma jeung sababaraha urang Maung Hideung ngaluarkeun sora tanda kaget, pok
Jalma nanya deui :”Naon hubunganana ?”
Ki Suja
neruskeun omonganana:”Ku sabab 5 Macan Cirebon balikna ti Wanayasa meunang Tatu
jero nu rada parna; maranehna purat perot balik ka imahna di Cirebon. Ku sabab
rurusuhan, maranehna teu waspada yen geus dituturkeun ku Ki Tanu. Ki Tanu
nyaksian pisan, yen eta nu limaan ngan sakeudeung pisan nyageurkeun “luka
Dalam” na ; lantaran “Mustika Mutiara Hideung !”HANCA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/