Hahahaha, muhun lantaran antara hiji penulis sareng penulis nu sanesna sok aya 
pangaruh mangaruhan............. jadi inspirasi teh ti mana we mulunganana, 
ngarah aya alatan jeung kasqaang tukang manjangkeun catur............... 
hahahaha

--- In [email protected], "lee_kelana@..." <lee_kelana@...> wrote:
>
> Sanes Bah, dupi ieu mutiara hideung teh aya hubungannana sareng mustika batu 
> hitam wiro sableng panginten nya? Atanapi nu aya dina carios ko ping ho?
> 
> 
> -----Original Message-----
> From: Abbas Amin
> Sent:  24/03/2012 7:46:33 am
> Subject:  [kisunda] Cersil Sunda 135
> 
> 
> 
> 
> 
> Ayeuna balik
> deui ka Ki Tanu, manehna rek maksakeun hudang deui lantaran hayang nyumponan
> lima jurus tea; tapi badanna karasa rampohpoy; ohek deui, tanda manehna tatu
> beurat pisan di jero keuna serangan tanaga jero Jalma. 
> 
> “Hayoh !
> Kumaha maneh taluk ayeuna ?!” Ki Tanu ngan ukur unggeuk, da geus teu kuat
> ngomong2 acan. 
> 
> “Eh ayeuna
> bejakeun ka Kaula di mana Nyi Ipah jeung Nyi Epon? 
> 
> Anak buah nu
> pang satiana ka Ki Tanu, ngaranna Ki Suja; terus we nyaritakeun masalah 
> Mutiara
> Hideung, jeung ahirna kadatangan Walet Hideung Pamimpinna nya eta Mawar
> Hideung. Jadi cenah, eta dua budak awewe teh diaku murid Mawar Hideung. 
> 
>    
> 
> “Mawar
> Hideung” !?  Tiluan Jalma, Ki Darga jeung
> Ki Wira, ngomong meh bareng. 
> 
> ”Enya Mawar
> Hideung, manehna ngajorag ka dieu sosoranganan, tapi euweuh nu wani ngalawan
> saurang ge; kitu deui 5 Macan Cirebon; maranehna ngiprit ti heula; nya urang
> sarerea katempuhaan buntut maung, kudu nyanghareupan Mawar Hideung. Nya
> dipasrahkeun we eta dua budak teh. Lantaran moal aya nu kuat ngalawan eta si
> Mawar Hideung; manehna geus ngelehkeun Si Setan Alas Kobar nu dipikasieun ku
> sarerea. 
> 
> “Ari eta nu
> 5 Macan Cirebob, aya naon kadieu ?” Jalma nanya ka Ki Suja. 
> 
> “Nu
> nyababkeun diiwatna NYi Ipah ti Wanayasa teh, nya lantaran eta 5 Macan Cirebon
> !” 
> 
> “Hah……….. “
> Jalma jeung sababaraha urang Maung Hideung ngaluarkeun sora tanda kaget, pok
> Jalma nanya deui :”Naon hubunganana ?” 
> 
> Ki Suja
> neruskeun omonganana:”Ku sabab 5 Macan Cirebon balikna ti Wanayasa meunang 
> Tatu
> jero nu rada parna; maranehna purat perot balik ka imahna di Cirebon. Ku sabab
> rurusuhan, maranehna teu waspada yen geus dituturkeun ku Ki Tanu. Ki Tanu
> nyaksian pisan, yen eta nu limaan ngan sakeudeung pisan nyageurkeun “luka
> Dalam” na ; lantaran “Mustika Mutiara Hideung !”HANCA
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke