“ku sabab nyaho yen Mustika Mutiara Hideung aya di 5 Macan, Ki Tanu ngusahakeun kumaha carana sangkan eta 5 Jago Cirebon daek datang ka Kuningan, ka Markas Rajawali Bodas, da ari diundang kitu wae mah, can puguh daek datang. Nya disebutkeun yen Nyi Ipah geus aya na cekelan Rajawali Bodas; asal KiAbd Gofar daek datang, pasti Nyi Ipah bakal dipasrahkeun. Di na hal eta nu sejenna teu nyarahoeun, komo ki Cakramana mah; nu nyaho ngan ukur ki Abd Gofar. Nya ku jalan eta Abd Gofar saparakanca daek datang; lantaran panasaran hayang nyaho naon sababna Rajawali Bodas nepi ka nekad nyulik hiji budak awewe bari jeung teu jelas kasang tukangna; tapi maranehna nolak mikeun eta Mustika, komo ngan ukur ditukeur ku Nyi Ipah mah. Di na hal ieu Ki Cakramana rada ambek ka bapana, tapi teu diwaro. Tah ampir urang tarung, lantaran marebutkeun Mutiara Hideung tea. Tapi kaburu datang Si Mawar Hideung. Atuh tarung teu jadi; Lima Macan Cirebon harita na kasempetan nu alus kitu, langsung kabur ka Cirebon.” Ki suja nutup caritana. “Ari Mawar Hideung di mana tempatna ?” jalma nanya ka Ki Suja. “Mawar Hideung mah teu puguh dumukna, manehna Hiji pendekar awewe nu sok kamana wae iinditan , datang jeung inditna sakarep isun, euweuh nu bisa nangtukeun, ayeuna aya di mana. Tapi ari Pakumpulan Walet Hideung mah, cenah ayana di tutugan Gunung Cireme. Tah kumaha ayeuna kuring ? naha meunang nyalametkeun ieu Ki Tanu ?” Cek Ki Suja. Rupana mah geus beak caritana Ki Suja teh. “Heug ! Jung wae bawa ku maneh Suja.” Cek Jalma ka Ki Suja; atuh harita keneh Ki Suja ngaleos sanggeus nganuhunkeun ka Jalma. Markas Rajawali Bodas langsung we diratakeun jeung taneuh; sagala hartana nu masih nyesa dirampas ku Maung HIdeung; loba oge sesa anggota Rajawali Bodas nu asup ka Maung Hideung. Terus we Ki Darga pamitan ka Jalma. Ari Jalma ayeuna rek neruskeun lalampahan ka tutugan Gunung Cereme tea. Episode ka 44 Di CirebonHANCA
