SHALAT1 


Konsentrasi di na
Shalat jeung usik2an 


Konsentrasi teh, hiji
hal nu penting pisan di na ngalaksanakeun Shalat, lantaran ku ieu konsentrasi
urang bakal meunang JIWANA Shalat; urang bakal ngarasa leuwih yaakin ka na
shalat urang lamun urang bisa ngajiwaan atawa mere jiwa ka na shalat urang.
Ngajiwaan Shalat teh Khusyu di na Shalat; salah sahiji alat supaya bisa khusyu
nya eta KONSENTRASI. 

Konsentrasi teh dibagi
3 bagian, nya eta : 

1.     Konsentrasi samemeh Shalat  2. Konsentrasi di na waktu Shalat  3. 
Konsentrasi antara dua kalakuan di na hiji
Rukun ka rukun nu saterusna. 

Tiap urang geus ngalakukeun hiji kalakuan di na shalat,
konsentrasi urang sok rada buyar; nu matak aantara hiji rukun ka na rukun nu
saterusna di na shalat perlu ayana konsentrasi khusus deui. 

Jadi saenyana mah Shalat teh pinuh ku konsentrasi teu eureun
eureun. Konsentrasi meleng ka Gusti Nu Murbeng Alam; konsentrasi di na bacaan
shalat. 

Kumaha cenah konsentrasi samemeh Shalat ? 

Urang teh nu matak mimiti rek shalat di na syareat Nabi
Muhammad kudu nangtung, lantaran naon ? Lantaran di na eta konsentrasi, penting
pisan nyiapkeun mental urang, yen urang rek jeung eukeur madep ka Mantenna;
nyiapkeun mental supaya ulah galideur di na prakna. 

Konsentrasi di na Waaktu Shalat, nu pentingna nya eta ngayakinkeun
( konfirmasi ) yen bener2 urang rek ngalakukeun shalat. Nu matak di na shalat,
dipasang niyat. Waktu Takbiratul Ihram, waktu nyebut Allahu Akbar, jeung
ngangkat dua leungeun; hate milu oge nyarita yen rek shalat Fardhu Lohor
misalna. Jadi di na awal ngamimitian Shalat; sakali GERAK aya tilu hal nu
mukaranah babarengan dilakukeun. Eta nyilibkeun YEN Iman teh aya TILU; Iman di
na kalakuan; Iman di na Ucapan; jeung Iman na HATE. Nu langsung sakaligus
dilaksanakeun. Nu matak saatna Takbiratul Ihram, eta Kacida pentingna. 

Saterusna urang Konsentrasi ka na bacaan Shalat; jeung do’a
di na waktu shalat; jadi konsentrasi ka na maksud jeung tujuaan dibana hiji
ayat atawa do’a; biwir kunyam kunyem, hate marengan. Sanggeus baca surat; urang
kudu konsentrasi deui, laantaran bakal ngalaakukeun Rukun sejen nya eta RUKUK.
Tah di dieu aya gerak/usik nu memang disyaratkeun; jadi usik ieu teu kaasup nu
ngabatalkeun shalat. 

Waktu keur nangtung maca do’a; jaga ulah usik sama sakali;
sahenteuna ulah nepi ka 3 kali usik2an. Memang nyata HESE Shalat teh; komo nu
dijiwaan mah. Waktu asup ka na Ruku urang usik, jelas aya gerak; tah pas keur
Ruku kudu aya konsentrasi ngawatesan dimana saat RUKU; tah di dinya urang
ulahusak usik; nepi ka anggeusna rukuk; terus gerak nuju itidal. Di na waktu
itidal kudu ngawatesan, mana nu nangtung itidal; di dinya konsentrasi deui
jeung ulah usik; sanggeus itidal; leupqas deui meunang deui gerak nedpi ka
sujudna. Di dinya aya wates deui yen keur sujud; di dinya teu meunang usik sama
sakali; nepi ka anggeus sujud; terus diuk di na dua heuleut sujud. 

Jadi konsentrasi terus teu eureun2; jeung ulah usik, dimana
keur ngalakukeun hiji2 Rukun shalat. Nu meunang usik, nya eta gerak di na
pindah ti na hiji rukun ka rukun sejenna. 

Ku ngalakukeun ieu kalakuan shalat saperti kieu, Insyaa Allah
shalaat na kajiwaan. 

Insyaa Allah Amiiin. 

Billahi Taufiq walhidayah, wassalaamu’alaikum warahmaatullahi
wabaraakaatuh. 

Alhamdulilllaah. 

   

Eor, 24 Maret 2012 

Abbas Amin 

Kirim email ke