Guyon Kulonan - Balada BBM
Ku MBF jeung ARS
‎
"Tirah, ieuh... ulah humaruh bae pamali, leusteuing bebeem naek geh, nu
penting mah kabeuli." Ceuk Mang Sarna magahan anu jadi ewena. "Sholat pardu
pacuan katinggaleun, sholat sunnah duha dawamkeun." Kitu papatah Mang Sarna
dina isuk harita. "Ari sholat pardu mah alhamdillah tilok tinggaleun,
Kaka... ngan eta tah palebah shola duha, mumul Kula mah... ja teu kabedag
bae... pangbarasa pabeulit jeung pagawean di hawu." Tembal Bi Satirah.
"Ulah sangheukan jadi jelema mah, saha nu nyaho rijki urang babari
kulantaran rajin ibadah." Ceuk Mang Sarna bari menerkeun kepang samping
sumarendana. "Tilok-ilokeun Si Kaka 'ngustad' ngomongna... hehehe," Bi
Satirah moyokan bari seuri keutik. "Ssssttttt....ulah gandeng eta geh
meunang ngaji denge ti alo Ocid." Tembal mang Sarna bari jojong ngalepus
bako jeung daun kawung.

Ustad Ocid: "Siga nu ho'oh nitah ewe. Padahal karak kamari milu ngaji, bab
perkara 'Hulap makaya lantaran sangheukan'. Teu nyaho mun rebo jagisuk bab
anu mertelakeun 'Cokot nu endah, piceun nu goreng'. Sugan bae
ngabandunganna teu bari nundutan. Bisi kasaliru ngabejakeun ka ewena.
Shodaqollohuladzim..."

"Tirah... Tirah, ceuk aing ulah haliwu teuing ngomongna... Tuh alo Ocid
ngadenge-eun cacahan urang. Mangkaning aing mah lamun keur ngaji ilokanan
laju bae jurig tunduh ngadeukeutan." Ceuk Mang Sarna haharewosan ka nu jadi
Ewena. "Enya hampura Kaka...!!" Tembal Bi Satirah bari popoyongkodan
hareupeun salakina.
***

Kirim email ke