“Sabar, sabar” Cek Jalma nenangkeun. Ari haok teh Nyi Oom
nyentak :”Sabar2 podol heot siah ! itu teteh kuring katuralengan, pasti
dijahatan ku maneh nya !?”

Keur kitu teh ujug2 rajol aya tujuhan awewe ngarora keneh,
marake baju hideung; daratangna mani garesit pisan; nu saurang mawa bandera
leutik digambaran manuk hideung nu keur ngapung; nyata gambar Walet Hideung;
barang nempo nu tiluan siga nu rek tarung jeung hiji lalaki; jeung nempo Sari
ngagoler; eta nu tujuhan teu loba nanya deui terus we ngepruk Jalma.

Saenyana mah Jalma sama sakali embung ribut deui jeung eta
balad2 Walet Hideung; tapi ku sabab nu tujuhan tanpa bema karama jol2 nyerang,
bari can nyaho urusanana, nya Jalma bari rada kapaksa, bari oge hayang ngajaran
kadigjayaan urang Walet Hideung; lantaran ka ieu kumpulan teh sigana loba oge
nu sarieuneun; nya Jalma langsung we ngayakeun perlawanan; ari nu tiluan
gancang ngaropea Sari, dibawa ka sisi ka nu rada jauh ti nu keur tarung.

Enya we garesit pisan eta nu tujuhan teh, elmu silatna ge
kaciri marantep sajajar jeung kabisa Sari; tapi Jalma teu sieun lantaran
kabehanana oge sahandapeun Jalma; ngan jelas Jalma sama sakali embung
ngagunanakeun kakerasan ka ieu balad Walet Hideung, lantaran ngarasa lain
musuh, malah kuduna ngabalad lantaran eta teh kabehanana dulur paguron jeung
Sari.

Nempo nu disanghareupan ku maranehna jadug; maranehna kaciri
lain sieun malah beuki narekad ngambreg ka Jalma; nepi ka Jalma kapaksa rada
keras; atuh geus kitu mah ting araduh, jeung ting parecleng bedog nu ngoroyok. 
Tapi
hal ieu jadi nambah amarah eta nu tujuhan; sedeng Jalma ati2 pisan sieun
nyababkeun eta nu tujuhan cilaka; atuh Jalma jadi rada ripuh kadesek ku nu
tujuhan. Nu kaciri napsu pisan hayang ngaringkus Jalma.

Jalma saenyana mun mundur mah, gampang pisan; tapi kapan
masih “sono” ka Sari; jadi nya kudu tetep di dinya; tapi ieu desekan Kacida
musingkeunana, mun dilawan ku keras, tangtu eta nu tujuhan teh geus eleh; tapi
Jalma teu bisa ngukur naha perlawanana bakal nyababkeun eta nu tujuhan aya nu
tatu tawa henteu; jadi Jalma ragu2 deui wae, atuh Jalma sakali deui kadesek.

Barang keur ruket kitu, Sari cageur ti na katuralenganana;
terus we misah jeung nitah eureun ka nu ngarepung; cek salah sahiji antara nu
tujuhan:”Ku naon, make nitah eureun ? Kuring sarerea can eleh ?”

“Ulah tarung, lantaran ieu teh sobat kuring……….. “

“Sobat…….. !? Naha geuning tadi si Esih jeung Oom sarta Mimi
pagetreng jeung jelema ieu ?”

“Lantaran kuring tadi kapaehan……………..; disangka ku nu tiluan
dirogahala ku ieu si akang.”

“Ah teu puguh atuh; ieu sobat ti iraha ?”

“Basa kuring can jadi murid Walet Hideung, ieu Kang Jalma
kungsi cicing di imah kuring.” Sari nerangkeun.

Kirim email ke