Tah eta Kang Obay, loba dialek lokal basa Sunda, salian ti dialek Priangan, nu ku urang kurang dipikawanoh. Keur mah eukeur arang nu sok nyayabaan. Ku media ge asa jarang kacaturkeun. Ku ayana Internet, aya jalan pikeun urang mikawanoh ragam basa, salian nu ku urang katitenan sapopoe.
2012/3/31 Obay <[email protected]> > ** > > > ** Kuring boga emang bumen2 di rangkas ti anom keneh. Waktu pakanci keur > kelas tilu sd ngendong di bumina. Da eta mah salila tilu poe mimiti teu > bisa ngomong jeung lieur ngabandungan kapi adi noroweco make basa rangkas. > Di tukang ngomongna buri, sampeu nyebutna dangdeur. Walhasil salila tilu > poe eta alhamdulillah loba pisan misunderstanding hahaha... > Powered by Kejo Bear® > ------------------------------ > *From: * Ki Hasan <[email protected]> > *Sender: * [email protected] > *Date: *Sat, 31 Mar 2012 12:57:44 +0800 > *To: *Ki Sunda<[email protected]> > *ReplyTo: * [email protected] > *Cc: *Baraya Sunda<[email protected]>; Urang Sunda< > [email protected]> > *Subject: *[Urang Sunda] Guyon Kulonan - Demo BBM > > > > Guyon Kulonan - Demo BBM > Ku MBF jeung ARS > > "Ka... Kaka, ulah ngan canggeluk bae... Nangkeup hulu tuur deui... Tuh > geura nongton tipi, aya bemo cenageh." Bi Satirah haruhah harehoh ngabejaan > salakina. "Geuraan tuh di Batawi aya bemo." Bi Satirah neruskeun omonganana > teu sabaran. "Gandeng, Tirah... dimana horeng yeuh di Batawi aya keneh > bemo... Puguhan beca jeung bajay geh geus areuweuh kuwari mah." Tembal mang > Sarna sangeunahna, bari nyedet daun kawung. "Lain bemo badeng Tirah, aya > geh demo... Demo teu satuju naek bengsin." Ceuk mang Sarna nyambung > omonganana. Jep... jempling doang gaang katincak. Teu kadenge puak-puak > acan. Bi Satirah ngarenghap. Mang Sarna ngaranjug. Eungap mikiran kahirupan > sapopoe. "Heu-euh nyah... lamun sakadang bebeem naek, pastina geh nu lain > mah nerekel miheulaan. Beas, lauk, uyah, delan, gegesek, tambako, > seupaheun, buruh make munding (ngawiluku/ngagaru), ongkos ojeg kabeh > nararek....hmmmm," kitu gerenyemna biwir mang Sarna. > > Alo Ocid: "Kabeh naek, kabeh teu ngeunah. Tapi aya hiji anu naek, ngeunah > bari jeung resep," ceuk Mang Sarna ka pamajikana. "Naon eta?" tanya Bi > Satirah. "Tanyakeun bae ka Uwa Mugi!", tembal Mang Sarna. > > Editing: Ki Hasan > *** >
