---------- Forwarded message ---------- From: Obay <[email protected]> Date: 2012/3/31 Subject: Re: [Urang Sunda] Pro kontra subsidi bbm To: [email protected]
** ** Hehe, mangga Ki dibalakan ku kuring yeuh. Bbm teh geus puluhan taun mula di subsidi ku pamarentah, jadi salila eta rayat geus biasa meuli harga semu lain riil. Kusabab bbm murah, makena jadi cenderung teu efisien. Kabuktian ku lobana nu make mobil pribadi jeung teu lakuna angkutan umum. Subsidi bbm nu sehat diperuntukan sabage stimulus penggerak ekonomi. Jadi sifatna sementara, subsidi kudu dikurangan lalaunan nepika jadi enol deui. Kujalan kitu ekonomi bisa laju kalayan efisien. Kudu di inget yen subsidi bbm teh nyedot anggaran balanja pamarentah keur sektor laina. Mun make itungan sederhana, alokasi anggaran pendidikan bakal naek lamun duit subsidi bbm dialokasikeun kadinya. Geus kabuktian subsidi bbm mah teu diskriminatip hartina sakabeh lapisan masarakat tinu malarat nepi kanu beunghar bisa menikmati. Hartina teu tepat sasaran. Jadi ceuk kuring mah satuju subsidi dicabut lalaunan, supaya rayat dibiasakeun ngarasakeun harga riil lain harga dibebenjokeun. Kuring yakin rayat urang bisa adaptasi kana harga riil bbm, dijamin indonesia moal kiamat. Malahan ngarangsang rayat leuwih efisien jeung bakal ngahontal equilibrium anyar. Teu percaya? Urang geus kungsi ngalaman taun 95 waktu sa-dolar masih dua rebu lima ratus perak, terus dolar mulai naek. Ampir kabeh ekonom ngaramal indonesya bakal bangkrut lamun dolar nepi ka lima rebu. Tapi buktina nepi ka ayeuna teu bangkrut geuning, malah dolar tembus nepika tujuh belas rebu taun 97. Tah eta bukti urang teh tahan uji. Tos heula ah, mangga nu bade nyawad atanapi mairan diantos. (Breaking news: satengah maen chelsea meunang 1-0 lawan a vila. Halah torres mandul euy. Lalajo deui ah babak ka dua yeuh). Powered by Kejo BearĀ® ------------------------------ *From: * Ki Hasan <[email protected]> *Sender: * [email protected] *Date: *Sat, 31 Mar 2012 22:11:55 +0800 *To: *<[email protected]> *ReplyTo: * [email protected] *Subject: *Re: [Urang Sunda] Pro kontra subsidi bbm Mending ge bahas ku Kang Obay, naon pentingna BBM dinaekkeun. Der ah! On Sat, Mar 31, 2012 at 9:52 PM, Obay <[email protected]> wrote: > Kalolobaaan opini nu kabaca boh di media masa atawa di milis mayoritas teu > satuju kana kenaikan bbm. Jarang pisan manggihan anu pro. Kuring sorangan > salah saurang anu satuju subsidi bbm dicabut. > Cing di milis ieu aya nu satuju bbm ditaekeun? > Sok ah diantos opini na. > Powered by Kejo BearĀ® > > ------------------------------------ > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > Yahoo! Groups Links > > > >
