Kisah Zen - Pangajaran Panungtungan Jaman baheula di Jepang, sok marake lantera awi-jeung-keretas nu make lilin di jerona. Aya saurang jalma lolong, nganjang ka baturna peuting-peuting, ditawaran lantera pikeun dibawa balik.
"Kami teu butuh ku lantera," pokna. "Poek atawa caang keur kami mah sarua wae." "Kami nyaho anjeun teu butuh lantera keur manggihan jalan," jawab sobatna, "tapi lamun andika teu mawa ieu lantera, boa jalma sejen bakal datang nyampeurkeun andika. Jadi anjeun kudu mawa ieu lantera." Jalma lolong tea indit bari ngajinjing lantera jeung saacan leumpang jauh pisan aya jalma sejen datang nyampeurkeun. "Waspada, anjeun rek indit kamana!" manehna nyeluk ka jalma asing tea. "Na anjeun teu ninggali ieu lantera?" "Lilin anjeun geus beak kabeuleum, sobat," jawab eta jalma asing. Tarjamahan "Teaching the Ultimate" tina "101 Zen Stories". Panarjamah: Ki Hasan ***
