Syuku ALhamdulillah eta kang Jalam dibekelen timbel, ehmm ....pulen eta timbeul nyah ngan hanjakal deungeunna ngan ungkul tempe, coba mun aya lauk asin peda, jengkol ngora jeung sambelna, ditambah bakakak hayam, atuh nikmat meureun ...he..he...
________________________________ Dari: Abbas Amin <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Sabtu, 31 Maret 2012 4:28 Judul: [kisunda] Cersil Sunda 149 “Teu jauh ti dieu, terus we ka jalan eta. Bari nuduhkeun jalan satapak.:Ari Jalu deuk kamendi ?” Balik ayeuna manehna nanya ka Jalma. “Ah kuring mah teu puguh tujuan, kasasar ka ieu tempat, di payun kampung naon ?” “Euweuh ngaranna kampung ieu mah, da imahna ge ngan ukur 5 suhunan.” “Euh, cik bapa urang bantuan meulahan kai teh.” Cek Jalma nawarkeun diri. “Ah entong lah, barina ge geus anggeus tinggal nalian wungkul.” Terus we Jalma milu ngaberesan eta suluh. Eta Jelema nganuhunkeun pisan, bral we nu duaan nuju ka lembur si bapa. Anjog we ka tempat si bapa; lantaran aya jelema anyar pinanggih, nya atuh nu sarejen kalaluar nyalampeurkeun. Enya we teu loba imah, di dinya teh ngan ukur 5 suhunan teh enyaan. Terus we Jalma disuguhan nginum jeung kadaharan; teu wudu Jalma rada rewog, era2 ge da memang lapar. Terus we Jalma diajak ngobrol ku jelema2 di dinya. Nya Jalma sabisa bisa ngarang carita we; da euweuh hubunganana mun manehna saujratna ge. Timaranehna Jalma oge meunang hiji warta nu penting, yen ka dinya pernah ngaliwat hiji istri geulis, nu pakeanana sarwa ungu, mawa dua budak awewe gareulis, tujuanana ka Wetan, cenah. Teg we Jalma ka Mawar Hideng nu mawa Nyi Ipah, jeung Nyi Epon. Jalma rada guligah, lantaran tangtu perjalananana teu mubah2 teuing, manehna ngarasa yen jalan nu ditujuna aya raraatan, masing ngan saeutik oge. Nya atuh isukna Jalma neruskeun lalampahanana, bari dibekelan timbel ku urang lembur. Manehna gilig ayeuna mah rek nuju ka Tatar Wetan, da ka dinya sigana budak awewe nu dua teh dibawana. Jalan anu dipake liliwatan ku Jalma di na waktu ieu, estu walurat pisan; jalan satapak, bari sigana langka kasaba ku manusa; jadi jigana arang jelema ngaliwat ka lembur nu ku Jalma dianjrekan tadi; meureunan mun jelema rek ka Tatar Wetan, mun hayang alus jalanna kudu muter heula; ieu mah ceuk urang lembur nu tadi jalan motong nu pang deukeutna mun rek ka jurusan Bantul atawa Mataram. Jadi sigana Jalma ayeuna nuju ka wetan bari ngidul. Geus rada lila perjalanan, dihareupeunana aya susukan caina herang ngagenyas; ah rek Dhuha heula cek Jalma na hatena; terus we Jalma Wudhu di eta susukan; Shalat teu nempo kiblat ngan nenjo panonpoe we; jadi dilelebah; ari paragi salatna, sarung we diamparkeun. Sanggeus tarapti, terus wae ngalakukeun shalat dhuha; sanggeus shalat, terus wae Jalma muka timbel, bek we dahar. Mani ngalimed. “Emh untung aing dibekelan timbel; mun henteu mah pasti aing ayeuna kalaparan .” Cek Jalma di na hatena, manehna nganuhunkeun pisan ka urang lembur nu geus mekelan timbel, bari deungeunna basajan pisan, tempe 10 keureut jeung cengek sarawu. Tapi karasaa nimat pisan. Sesana dibungkusan deui dialus alus da bisi di hareup teu manggih lembur cenah. Geus kitu mah gidig wae Jalma neruskeun lalampahanana.
