Abah,

Ieu mah saran wae. Usulan ti anu kedul nulis :). Kumaha upama kalimah dina
Carita Silat teh dijieun anu parondok wae?. Ceuk ahli komunikasi, cenah,
usahakeun kalimah-kalimah dina tulisan teh sina parondok. Minimal ulah nepi
ngaripuhkeun anu maca, cenah. Ukuranana teh dicobaan wae cenah baca ku
sorangan. Lamun nepi ka beakeun nafas, eta hartina panjang teuing (kajaba
lamun memang struktur kalimahna teu bisa henteu, merlukeun kalimah panjang).

Contona dina paragraf ieu:
"Keur leceng we Jalma leumpang, bari teu luak lieuk, da asa euweuh
pamandangan nu alus keur ditempo; na ari gejret teh hareupeun, aya
bungkusan ngagejret; rada reuwas oge manehna; tapi ahirna ku Jalma teu
diwaro, terus we Jalma gagancangan neruskeun lampahna".

Kumaha lamun diolah deui siga kieu:
"Keur anteng wae Jalma leumpang, bari teu luak lieuk, da asa euweuh
pamandangan nu alus keur ditempo; na ari gejret teh hareupeunna, aya
bungkusan ragrag. Jalma rada reuwaseun oge, tapi eta bungkusan teh teu
ditolih. Manehna gagancangan neruskeun lampahna".

Cag.
manar
On Tue, Apr 3, 2012 at 5:13 AM, Abbas Amin <[email protected]> wrote:

> **
>
>
> Keur leceng we Jalma leumpang, bari teu luak lieuk, da asa euweuh
> pamandangan nu alus keur ditempo; na ari gejret teh hareupeun, aya
> bungkusan ngagejret; rada reuwas oge manehna; tapi ahirna ku Jalma teu
> diwaro, terus we Jalma gagancangan neruskeun lampahna.****
>
> Barang geus rada jauh ti tempat eta, karasa ku Jalma asa aya nu nuturkeun;
> ku sabab teu nyaho sabaraha jauh deui jeung asa ka teu teu ari; Jalma teu
> ngawaro ka na sora naon wae; terus we maju kahareup gagancangan. Keur kitu
> karasa aya nu ngabelewer ka na tonggongna; bisa dicingcetkeun tapi Jalma
> api2 ngaguling, lantaran ahirna Jalma ngarasa asa digoda terus2an; ah mun
> perlu rek diwarah oge eta jelema teh, cek hatena.****
>
> Jalma api2 aduh2an bari nyekelan tonggong; ari ditempo nu dipake maledog
> teh; buah jeruk nu geus asak, paingan teu pati nyeri ngan ngotoran bajuna.
> Keur kitu teh cakakak, aya nu nyakakak nyeungseurikeun ; terus pok ngomong
> :”hahahaha, eh pira ge ku jeruk…………  moal matak paeh ! Kowe ora trimo !?
> hahahaha…………  arep nopo ? bales ? wani kowe ? karo ingsun ? hahahaha !”***
> *
>
> Barang ditempo, hareupeun manehna  ngajega bari nulak cangkeng, hiji
> pamuda nu buukna panjang gondrong, beungeutna kurang diurus, umurna
> saluhureun Jalma, kulitna hideung tapi saenyana beungeutna kaciri bear teu
> siga kejem; tapi sigana sok remen ngaheureuyan batur.****
>
> “Eh Ki Silah, arep nopo sampeyan ? ganggu perjalanan Kulo ?” Cek Jalma
> nanya ka si eta pamuda.****
>
> “Kowe Sundel yo ? arep ngendi heh ?”****
>
> “Eh Jawer ! ngahina siah………. Ojo ngenye yo ?”****
>
> Ayeuna obrolan langsung disundakeun ( hehehe, sieun salah ngomong Jawana );
> ****
>
> “Hahahaha ! eh kowe pasti PESILAT nya ?! Sok atuh ambek kainyah, ingsun
> rek nempo nepi ka kumaha kajagoan maneh !”****
>
> “ah nanaonan make gelut ? Eh ari sampean saha atuh ? Ngaganggu perjalanan
> uing !?”****
>
> “Hahahaha, dititah ambek malah nanya ngaran ? Jadi hayang babaladan ? Moal
> bisa kudu GELUT heula, kakara sasalaman !”****
>
> “Naha geuning make kudu gelut heula ?” Jalma nanya bari jeung enyanaa
> heran, naha ieu jelema teh keukeuh hayang gelut !?****
>
> “Hahahaha, disabudeureun ieu daerah, can ngajaran KULO gelut eleh; tangtu
> uing nu meunang, padahal uing teh hayang pisan sakali mah eleh.” Cek eta
> pamuda nyombong.****
>
> Jalma hayang nyaho pok nanya :”Ah meureun we nu dilawanna bangsa cacing
> cau !”****
>
> “Hahahaha, enya eta ge……… tapi kamari ieu aya pamuda cenah mah urang
> Cirebon, ngaliwat kadieu; urang duaan tarung; enyaan eta mah hebat, nepi ka
> luut leet kesang, kakara urang meunang, padahal umurna sahandapeun uing,
> tah model maneh (KOWE) lah.”****
>
> Jalma mikir na hatena, moal kituk ki Cakramana ? Lamun Cakramana, tangtu
> ieu si pamuda buraong teh enya boga kabisa na kanuragan, tapi naha enya ieu
> pamuda teh can aya nu ngelehkeun ? Cing ku aing dipancing deui :”Ari jeung
> Mawar Hideung, geus ngajaran tarung !?”****
>
> “Naon !? Mawar Hideung, uing langsung nyumput, lantaaran uing embung diadu
> jeung AWEWE !”****
>
> “Hahahaha, Jalma seuri mani nyakakak. Si Pamuda nyentak:”Naon maneh make
> seuri siah?! Hayang dicabok !?”****
>
> “Hahahaha, lain pedah awewe tapi maneh sieun nya !?” Kakara ge sakitu
> Jalma ngomong, heat teh peureup mani ngahiuk ka na dadana; tapi Jalma awas,
> terus nyingcet, enya we karasa tanagana gede oge eta pamuda teh, keun
> hayang nyaho nepi kamana ? cek Jalma noroweco na hatena.****
>
> Si pamuda kageteun pisan nempo Jalma bisa nyingcet, bari jiga wani ka
> manehna, manehna ti na kaget jadi panasaran, terus we nyerang leuwih kesit
> ayeuna mah; tapi eta ge ngan sakilat dicingcetkeun ku Jalma.****
>
> “Euh sigana maneh teh jago oge nya ! Hehehehe, di na waktu ieu tong
> disebut si Bejo si Embeling, mun teu bisa nalukkeun maneh.”****
>
> “Hahahaha, Bejo…….. Bejo……….. maneh mah ngan ukur gede omong wungkul; ka
> awewe oge sieun ! Hahahaha.” Jalma beuki mapanas. ****
>
> Atuh enya we, eta pamuda nu ngakuna si Bejo, ngamuk, ayeuna mah enya2
> nyerangna teh; Jalma ge ngalayanan enya2 oge, da nyaho si Bejo lain
> sabangsana Ki Jara; kapan si Cakramana ge eleh, hartina elmuna kaasup hebat
> oge. Tapi di na waktu ieu Jalma can males, ngan ukur ngagiwar jeung makis
> we.****
>
> “Heh, siah sebutkeun ngaran maneh ! pan aing mah enggeus tadi !” omongna
> bari tipopolotot. ****
>
> “Hahahaha, uing mah Jalma !”****
>
> “Enya aing ge nyaho, sia teh manusa lain monyet ! Naha saha ngaran teh !?”
> ****
>
> “Hahahaha, enya ngaran uing si Jalma.”****
>
> “Hahahaha, aya ngaran ku araraneh pisan ! Eh Jalma maneh ti tatadi ngan
> mundur wae; can ngajaran sakali ge nyerang hah !?”
>
>
> HANCA
> ****
>
>  
>

Kirim email ke