Alhamdulillah. Nuhun pisan kang Oman kana kritikna, Katampi pisan; sareng bade 
diperhatikeun pisan. Mung bae dugi ka 155 mah tos kapalang ditulis; da sok 
haroream ngulang keun we antep eta mah pararanjang; tapi saatosna bade dicobi 
nu singget tapi patri tea. Hahahaha. Nuhun kang Oman.

--- In [email protected], oman abdurahman <omanarah@...> wrote:
>
> Abah,
> 
> Ieu mah saran wae. Usulan ti anu kedul nulis :). Kumaha upama kalimah dina
> Carita Silat teh dijieun anu parondok wae?. Ceuk ahli komunikasi, cenah,
> usahakeun kalimah-kalimah dina tulisan teh sina parondok. Minimal ulah nepi
> ngaripuhkeun anu maca, cenah. Ukuranana teh dicobaan wae cenah baca ku
> sorangan. Lamun nepi ka beakeun nafas, eta hartina panjang teuing (kajaba
> lamun memang struktur kalimahna teu bisa henteu, merlukeun kalimah panjang).
> 
> Contona dina paragraf ieu:
> "Keur leceng we Jalma leumpang, bari teu luak lieuk, da asa euweuh
> pamandangan nu alus keur ditempo; na ari gejret teh hareupeun, aya
> bungkusan ngagejret; rada reuwas oge manehna; tapi ahirna ku Jalma teu
> diwaro, terus we Jalma gagancangan neruskeun lampahna".
> 
> Kumaha lamun diolah deui siga kieu:
> "Keur anteng wae Jalma leumpang, bari teu luak lieuk, da asa euweuh
> pamandangan nu alus keur ditempo; na ari gejret teh hareupeunna, aya
> bungkusan ragrag. Jalma rada reuwaseun oge, tapi eta bungkusan teh teu
> ditolih. Manehna gagancangan neruskeun lampahna".
> 
> Cag.
> manar
> On Tue, Apr 3, 2012 at 5:13 AM, Abbas Amin <abas_amin08@...> wrote:
> 
> > **
> >
> >
> > Keur leceng we Jalma leumpang, bari teu luak lieuk, da asa euweuh
> > pamandangan nu alus keur ditempo; na ari gejret teh hareupeun, aya
> > bungkusan ngagejret; rada reuwas oge manehna; tapi ahirna ku Jalma teu
> > diwaro, terus we Jalma gagancangan neruskeun lampahna.****
> >
> > Barang geus rada jauh ti tempat eta, karasa ku Jalma asa aya nu nuturkeun;
> > ku sabab teu nyaho sabaraha jauh deui jeung asa ka teu teu ari; Jalma teu
> > ngawaro ka na sora naon wae; terus we maju kahareup gagancangan. Keur kitu
> > karasa aya nu ngabelewer ka na tonggongna; bisa dicingcetkeun tapi Jalma
> > api2 ngaguling, lantaran ahirna Jalma ngarasa asa digoda terus2an; ah mun
> > perlu rek diwarah oge eta jelema teh, cek hatena.****
> >
> > Jalma api2 aduh2an bari nyekelan tonggong; ari ditempo nu dipake maledog
> > teh; buah jeruk nu geus asak, paingan teu pati nyeri ngan ngotoran bajuna.
> > Keur kitu teh cakakak, aya nu nyakakak nyeungseurikeun ; terus pok ngomong
> > :"hahahaha, eh pira ge ku jeruk…………  moal matak paeh ! Kowe ora trimo !?
> > hahahaha…………  arep nopo ? bales ? wani kowe ? karo ingsun ? hahahaha !"***
> > *
> >
> > Barang ditempo, hareupeun manehna  ngajega bari nulak cangkeng, hiji
> > pamuda nu buukna panjang gondrong, beungeutna kurang diurus, umurna
> > saluhureun Jalma, kulitna hideung tapi saenyana beungeutna kaciri bear teu
> > siga kejem; tapi sigana sok remen ngaheureuyan batur.****
> >
> > "Eh Ki Silah, arep nopo sampeyan ? ganggu perjalanan Kulo ?" Cek Jalma
> > nanya ka si eta pamuda.****
> >
> > "Kowe Sundel yo ? arep ngendi heh ?"****
> >
> > "Eh Jawer ! ngahina siah………. Ojo ngenye yo ?"****
> >
> > Ayeuna obrolan langsung disundakeun ( hehehe, sieun salah ngomong Jawana );
> > ****
> >
> > "Hahahaha ! eh kowe pasti PESILAT nya ?! Sok atuh ambek kainyah, ingsun
> > rek nempo nepi ka kumaha kajagoan maneh !"****
> >
> > "ah nanaonan make gelut ? Eh ari sampean saha atuh ? Ngaganggu perjalanan
> > uing !?"****
> >
> > "Hahahaha, dititah ambek malah nanya ngaran ? Jadi hayang babaladan ? Moal
> > bisa kudu GELUT heula, kakara sasalaman !"****
> >
> > "Naha geuning make kudu gelut heula ?" Jalma nanya bari jeung enyanaa
> > heran, naha ieu jelema teh keukeuh hayang gelut !?****
> >
> > "Hahahaha, disabudeureun ieu daerah, can ngajaran KULO gelut eleh; tangtu
> > uing nu meunang, padahal uing teh hayang pisan sakali mah eleh." Cek eta
> > pamuda nyombong.****
> >
> > Jalma hayang nyaho pok nanya :"Ah meureun we nu dilawanna bangsa cacing
> > cau !"****
> >
> > "Hahahaha, enya eta ge……… tapi kamari ieu aya pamuda cenah mah urang
> > Cirebon, ngaliwat kadieu; urang duaan tarung; enyaan eta mah hebat, nepi ka
> > luut leet kesang, kakara urang meunang, padahal umurna sahandapeun uing,
> > tah model maneh (KOWE) lah."****
> >
> > Jalma mikir na hatena, moal kituk ki Cakramana ? Lamun Cakramana, tangtu
> > ieu si pamuda buraong teh enya boga kabisa na kanuragan, tapi naha enya ieu
> > pamuda teh can aya nu ngelehkeun ? Cing ku aing dipancing deui :"Ari jeung
> > Mawar Hideung, geus ngajaran tarung !?"****
> >
> > "Naon !? Mawar Hideung, uing langsung nyumput, lantaaran uing embung diadu
> > jeung AWEWE !"****
> >
> > "Hahahaha, Jalma seuri mani nyakakak. Si Pamuda nyentak:"Naon maneh make
> > seuri siah?! Hayang dicabok !?"****
> >
> > "Hahahaha, lain pedah awewe tapi maneh sieun nya !?" Kakara ge sakitu
> > Jalma ngomong, heat teh peureup mani ngahiuk ka na dadana; tapi Jalma awas,
> > terus nyingcet, enya we karasa tanagana gede oge eta pamuda teh, keun
> > hayang nyaho nepi kamana ? cek Jalma noroweco na hatena.****
> >
> > Si pamuda kageteun pisan nempo Jalma bisa nyingcet, bari jiga wani ka
> > manehna, manehna ti na kaget jadi panasaran, terus we nyerang leuwih kesit
> > ayeuna mah; tapi eta ge ngan sakilat dicingcetkeun ku Jalma.****
> >
> > "Euh sigana maneh teh jago oge nya ! Hehehehe, di na waktu ieu tong
> > disebut si Bejo si Embeling, mun teu bisa nalukkeun maneh."****
> >
> > "Hahahaha, Bejo…….. Bejo……….. maneh mah ngan ukur gede omong wungkul; ka
> > awewe oge sieun ! Hahahaha." Jalma beuki mapanas. ****
> >
> > Atuh enya we, eta pamuda nu ngakuna si Bejo, ngamuk, ayeuna mah enya2
> > nyerangna teh; Jalma ge ngalayanan enya2 oge, da nyaho si Bejo lain
> > sabangsana Ki Jara; kapan si Cakramana ge eleh, hartina elmuna kaasup hebat
> > oge. Tapi di na waktu ieu Jalma can males, ngan ukur ngagiwar jeung makis
> > we.****
> >
> > "Heh, siah sebutkeun ngaran maneh ! pan aing mah enggeus tadi !" omongna
> > bari tipopolotot. ****
> >
> > "Hahahaha, uing mah Jalma !"****
> >
> > "Enya aing ge nyaho, sia teh manusa lain monyet ! Naha saha ngaran teh !?"
> > ****
> >
> > "Hahahaha, enya ngaran uing si Jalma."****
> >
> > "Hahahaha, aya ngaran ku araraneh pisan ! Eh Jalma maneh ti tatadi ngan
> > mundur wae; can ngajaran sakali ge nyerang hah !?"
> >
> >
> > HANCA
> > ****
> >
> >  
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke