Hahahahaha lain salah maca... tapi kuring nyieun asumsi yen salaki si awewe
eta oge pamingpin oge salevel jeung leknan hehehehe. Matakna si Pamajikan
nana ngabandingkeun tuuuh tempo leknan batur jeung pamingpin batur mah
jeguuud naha ari sia salaki aing kereeeeee alias miskin wkwkwkwk... Ceuk
salakina... pan loba keneh pamimpin jujur meureun maksudna... nya aing emang
miskin tapi jujuuuur hehehehe... murni weh hirup tina gaji pas pasan
hehehehe. 

 

Ieu link-na Kang di Youtube: http://www.youtube.com/watch?v=ALMecUlQ_hM 

 

Upit Sarimanah ternyata diajar nyanyi ti 6 tahun dilatih ku urang Walanda...
lahir 1928 pupus 1992. Produktif pisan manehna.... search di youtube Upit
Sarimanah murudul lagu-lagu na hehehehe.... balolodooooor.... lagu- lagu na
di remake jaman kiwari ku Bungsu Bandung... Talak Tilu, Alim Di Candung
hahahahaha.

 

Ti Jaman Baheula Awewe Sunda geus wani Nolak POLIGAMI..... TALAK TILUUUUUUU
SAKALIAN!!!! Wkwkwkwk. Jamaaaan ayeuna mangga dipoligami asaaaaal mahaaarna
PAAS!!! 

 

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of rsyaifoel
Sent: 03 April 2012 14:17
To: [email protected]
Subject: [Baraya_Sunda] Re: Pamimpin Jujur Nepika Ngagadekeun Simbut

 

  

Eta teu salah maca Kang Asep? he he he...

Lain Pa Letnan (anu disebut pamingpin) anu ngagaedekuen simbut mah, tapi Si
Akang dina eta lalaguan anu pamajikanana MENTA diserahkeun!

Tapi untung keur si Akang, da pamajikanana teh teu enyaan menata
diserhakeun. Untung na nu sejen, lantaran simbut digadekeun... pan bisa
unggal peuting ngeukeupan si nyai na!

Aminnnn.... :))) Lucu oge teks anu aya dina ieu lagu. CIk aya haleuangna teu
Kang Asep?;))

--- In [email protected] <mailto:Baraya_Sunda%40yahoogroups.com>
, "Mang Kabayan" <dkabayan@...> wrote:
>
> Bodor ieu lagu dinyanyikeun ku Upit Sarimanah... jaman baheula pisan
hartina
> jaman baheula ge geus aya pamingpin jujur jeung aya oge anu teu eucreug
> hehehe. 
> 
> Pagetreng
> Upit Sarimanah
> 
> Kang abdi serahkeun bongan taya kasenangan
> Eulis ulah luluasan naon kasalahan akang
> Tuh tinggali istrina pa letnan tuh tinggali istrina pamimpin
> Emas reunceum imah agreng sawahna ngaprak mobilna fiat sajuta
> 
> Kang abdi rek balik talak mah susulkeun bae
> Memeh urang pepegatan akang rek mere pepeling
> Teu sakabeh pamimpin nu baleunghar
> Loba keneh hirup nu jalujur
> Geus umum tong loba cadu
> Gaji sabulan mahi keur campur jeung bul bul
> 
> Tah saongkoseun jig ari rek balik mah
> Lain rek balik ka sadang
> Ari ongkos keur wangsul mana Kang
> Har na maneh rek balik deui kitu
> Kantenan we da masih boga salaki
> Yeh ari Nyai cik ngomong rek nyaba kitu
> Keun ke ku akang di anteur
> 
> Kang abdi kabulusan hayang teuing disimbutan
> Pan simbutna keur digadekeun kumaha mun dikeukeupan
> Sanajan urang hirup teu beunghar
> Tiis ceuli herang-herang panon
> Muji Syukur Ka Pangeran
> Mulus Rahayu Salamet Dunya Aherat
> Taaah mun kitu mah eta pamajikan Akang
>



<<image001.jpg>>

<<image002.jpg>>

Kirim email ke