2012/4/3 Mang Kabayan <[email protected]> > Bodor ieu lagu dinyanyikeun ku Upit Sarimanah... jaman baheula pisan > hartina > jaman baheula ge geus aya pamingpin jujur jeung aya oge anu teu eucreug > hehehe. > > Pagetreng > Upit Sarimanah > > Kang abdi serahkeun bongan taya kasenangan > Eulis ulah luluasan naon kasalahan akang > Tuh tinggali istrina pa letnan tuh tinggali istrina pamimpin > Emas reunceum imah agreng sawahna /ngaprak/ mobilna fiat sajuta > > ngaplak = mayakpak lega
> Kang abdi rek balik talak mah susulkeun bae > Memeh urang pepegatan akang rek mere pepeling > Teu sakabeh pamimpin nu /baleungheur/ > /baleungheur/ ??? Loba keneh hirup nu jalujur > Geus umum tong loba cadu > Gaji sabulan mahi keur campur jeung /bul bul/ > bulgur, sabangsa gandum, kungsi dikonsumsi jaman werit > > Tah saongkoseun jig ari rek balik mah > Lain rek balik ka sadang > Ari ongkos keur wangsul mana Kang > Har na maneh rek balik deui kitu > Kantenan we da masih boga salaki > Yeh ari Nyai cik ngomong rek nyaba kitu > Keun ke ku akang di anteur > > Kang abdi kabulusan hayang teuing disimbutan > Pan simbutna keur digadekeun kumaha mun dikeukeupan > Sanajan urang hirup teu beunghar > Tiis ceuli herang-herang panon > Muji Syukur Ka Pangeran > Mulus Rahayu Salamet Dunya Aherat > Taaah mun kitu mah eta pamajikan Akang >
