Fikmin #Malem Minggu#
Ki Hasan

Malem Minggu. Réngsé isa, Sakim, Osid jöng Dasép ngariung di imah Dédi.
"Mana kartuna öy? Urang balakan!" Der siliböböt, silibantingkön balak, bari
tingcakakak. Cölökötök Néng Ani, nyöngsörikön Osid, cölina rawöy cacapit.

"Capé öy silibabuk téh! Lapar döih! Mölöm Sampö yu!" cök Sakim. "Bawa
patromakna! Tah bedogna! Kadé tinggalön radiona!" Brul ngabring ka kebon
sampö. "Kumpulkön jarami garingna öy! Uing ngarabut sampö manihotna!" Ger
ngadurukan, sönö ngabebela. Ngariung siduru dibaturan halöang "Berita
Kepada Kawan". "Gös asak öy!" Cök Osid bari ngoréhan durukan. Tingcamuil
ngahanca bölöm sampö panas kénéh. "Halah hanaang öy! Ngala kalapa öy!"
Kalacat Sakim mupu dawegan.

"Bötöng söböh öy! Can aya pitunduhön!" "Béjana Kang Yana anyar datang nyaba
öy!" Silihpelong. Tingcikikik. "Ampihkön patromak, bedog, jöng radiona öy!"
Tingkuliwed muru pipir imah Kang Yana. "Aya öy? Gös maén?" Tingharéwos.
"Sessst! Tong geruh! Kadéngéön!" Pasesedek parebut bilik carang. Kerewek
punduk si Sakim dijéwang. "Bönang siah! Nu sok ngarintip téh!" érté
haroshos.
***

Kirim email ke