Hahaha. Tah Kang Deni ngaku. Jigana mah pangalaman Bah Abas sareng Kang Yadi. Tambah we ku pangalaman Kang Yuyun.
Aeh hilap, eta aksara "ö" dibaca "eu" (Ejaan baheula, taun 70-an), contona: "jöng" dibaca "jeung". 2012/4/4 <[email protected]> > ** > > > ** Ieu pangalaman pribadi,ki? Ampir sarua nya...kalakuan budak ngora > US...heuheuyy deudeuhhh... > Sent from my BlackBerry® > powered by Sinyal Kuat INDOSAT > ------------------------------ > *From: * Ki Hasan <[email protected]> > *Sender: * [email protected] > *Date: *Wed, 4 Apr 2012 07:37:59 +0800 > *To: *Ki Sunda<[email protected]> > *ReplyTo: * [email protected] > *Cc: *Baraya Sunda<[email protected]>; Urang Sunda< > [email protected]> > *Subject: *[Urang Sunda] Fiksimini - Malem Minggu > > > > Fikmin #Malem Minggu# > Ki Hasan > > Malem Minggu. Réngsé isa, Sakim, Osid jöng Dasép ngariung di imah Dédi. > "Mana kartuna öy? Urang balakan!" Der siliböböt, silibantingkön balak, bari > tingcakakak. Cölökötök Néng Ani, nyöngsörikön Osid, cölina rawöy cacapit. > > "Capé öy silibabuk téh! Lapar döih! Mölöm Sampö yu!" cök Sakim. "Bawa > patromakna! Tah bedogna! Kadé tinggalön radiona!" Brul ngabring ka kebon > sampö. "Kumpulkön jarami garingna öy! Uing ngarabut sampö manihotna!" Ger > ngadurukan, sönö ngabebela. Ngariung siduru dibaturan halöang "Berita > Kepada Kawan". "Gös asak öy!" Cök Osid bari ngoréhan durukan. Tingcamuil > ngahanca bölöm sampö panas kénéh. "Halah hanaang öy! Ngala kalapa öy!" > Kalacat Sakim mupu dawegan. > > "Bötöng söböh öy! Can aya pitunduhön!" "Béjana Kang Yana anyar datang > nyaba öy!" Silihpelong. Tingcikikik. "Ampihkön patromak, bedog, jöng > radiona öy!" Tingkuliwed muru pipir imah Kang Yana. "Aya öy? Gös maén?" > Tingharéwos. "Sessst! Tong geruh! Kadéngéön!" Pasesedek parebut bilik > carang. Kerewek punduk si Sakim dijéwang. "Bönang siah! Nu sok ngarintip > téh!" érté haroshos. > *** >
