Kisah Islam - Leuwih Hade Barangbere

Saurang pamuda, mahasiswa di salasahiji universitas, hiji waktu keur
jalan-jalan jeung saurang Profesor, nu sok katelah baladna mahasiswa,
lantaran kahadeanana ka maranehna nu sok nungguan piwurukna.

Nalika maranehna indit babarengan, maranehna manggihan sapasang sapatu
heubeul ngagoler di sisi jalan, panyangkana eta teh bogana jalma miskin nu
keur digawe di deukeut lapangan, jeung jigana geus ampir rengse pagaweanana.

Si mahasiswa ngalieuk ka profesor, terus nyarita: "Yu urang heureuyan:
urang sumputkeun sapatuna, terus urang nyumput tukangeun rungkun, urang
tungguan bari nyerangkeun kumaha manehna bingungna nalika teu manggihan
sapatuna."

"Sobat nu kasep," jawab sang profesor, "urang teu perlu ngahibur diri
sorangan ku cara ngaheureuyan jalma miskin. Anjen jalma aya, jeung bisa
ngahibur diri anjeun ku cara nu leuwih hade ku jalan migawe kahadean ka ieu
lalaki miskin tea. Asupkeun koin kana kadua beulah eta sapatu, terus urang
nyumput bari nitenan kumaha pangaruhna ka manehna."

Si mahasiswa nurut terus manehna duaan nguliwed ka tukangeun rungkun nu
deukeut. Jalma miskin tea gura-giru ngarengsekeun pagaweanana, terus datang
meuntas lapangan ngajugjug ka jalan tempat manehna neundeun mantel jeung
sapatuna.

Bari rap make mantel sup ngasupkeun sukuna kana salasahiji sapatuna, tapi
ngarasa aya barang nu teuas, terus dongko bari ngararasakeun naon nu
ngaganjel tea, tetela manggihan koin. Heran jeung heran katangen dina roman
beungeutna. Manehna ngilikan koin, digalar-gilir, terus diilikan deui
sababaraha balikan.

Manehna terus alak-ilik ka sakuriling bungking, tapi taya jalma saurang ge
nu katempo. Terus manehna nagsupkeun eta duit kana sakuna, bari terus make
sapatu nu sabeulahna deui, manehna kaget nu kadua kalina nalika manggihan
deui koin sejenna.

Mamaras rasana teu kaampeuh deui; kedepruk manehna sujud, ranggah tanggah
ka langit bari gorowok ngucapkeun sukur sarta balaka ihwal pamajikanana nu
gering teu walakaya, jeung geus taya dahareun keur anak-anakna, na kurnia
saha ieu nu datang manjing dina waktuna, ti leungeun nu teu katinggali, nu
bakal nyalametkeun tina kaancuran.

Jung si mahasiswa nangtung bari kacida ngahelasna, panonna beueus ku
cipanon. "Ayeuna," ceuk eta profesor, "karasa yen anjeun ngarasa leuwih
hade tinimbang upama anjeun ngaheureuyan ku cara nu ku anjeun  dipimaksud
tadi?"

Eta pamuda ngajawab, "Anjeun geus mere pangajaran ka kuring ku pangajaran
nu moal bisa dipopohokeun. Kuring ayeuna bisa ngarasakeun kana benerna ieu
caritaan, nu samemehna teu pernah kaharti: "Yen leuwih bagja urang
barangbere tinimbang dibere."

Abdullah bin Abbas (radhiyallahu anhu) ngalaporkeun yen Nabi (Sallallahu
alaiyhi wassallam) nyarios yen ngagedekeun kahadean, nyingkahan kajahatan,
ngangkat beban jalma lemah jeung nyingkahkeun nu ngabahayakeun di
jajalaneun teh kabehanana doa nu ditarima ku Allah. (Ibn Majah)

Tarjamahan "Better to Give" tina "Islam Can".
Panarjamah: Ki Hasan
***

Kirim email ke