Kuring rada heran maca tulisan nu naroskeeun du'a ku Basa Sunda. Panginten 
maksadna mah Do'a standard basa arab di Sundakeun.

Basa Sunda atawa Urang Sunda ge aya du'a ti karuhun samemeh ARBI mucunghul, nya 
eta samodel :

Seug diduakeun sing jauh balai, parek rezeki
Didu'akeun sing lambat lambut --->>> ka panganten
Seug diduakeun sing kacai jadi saleuwi , ka darat jadi salebak ( panganten oge )
Diduakeun sing bru dijuru, bro dipanto, ngalayah ditengah imah
Kasehatan mah : diduakeun sing bungsur bangsar

Loba saenyana mah doa teh; nya kumaha urang we; samodel :

Mudah2an sing salamet diperjalanan , bisa tepung deui
Mudah2an ieu perjalanan aya di na kaberkahan jeung kamujuran
Mudah2an sagalana sing lancar
Mudah2an engke papanggih jeung nu rek ditepungan
Mudah2an ualh ayaa panyaarekan ti dunungan
mudah2an eta dunungan daek ngahampura ka urang nu geus ngaleungitkeun FILE
Mudah2an engke ari brak ngaariung dahar sing pinuh kanimatan
Mudah2an engke peuting sing nimat duanana
Mudah2an papanggihan teh jeun nu dipikaresep ku urang
Mudah2an ieu buah nu dibeuli sing karasa nimatna ku nu ngadahar

jste  sste  sssd   jsjb  etc   etc   etc

Nuun Gustii mugi2 pasihan abdi kasaean didunya sareng diakherat, sareng
mudah2an ditebihkeun abdi Gusti ti na seuneu naraka.



Kirim email ke