“Heh kowe2 kumpul sekabeh wonten nopo ?”
Rahayat nu tarungkul reang ngajawab :”Kulo sedoyo ono lupute
karo Ki Demang !”
“Lupute opo tha !?” Ki demang nyorowok deui.
“Siji embek Kademangan musna.”
“saha nu salah !?” ( disundakeun) Cek Ki Demang deui.
“Kulo sedoyo sabab teu ngajaga embe nu diangon ku kulo
sedoyo.”
Rakyat, nu tukang angon Demang Mertoyo ngaku deui. Ceprot2
wae dicepretan ku logojo; harita keneh, atuh tingjarerit eta tukang angon teh
pikarunyaeun. Ahirna Jalma nyorowok:”Eh Ki Demang ! Tahan heula, ieu Kula nu
nyokot embe Ki Demang ! Tapi Kula arek mayar harga eta embe.”
Sakabeh nu ngarumpul di dinya Kacida karagetna; dalah Ki Bejo
nu geus nyaho ge jeung belasan nu maling embe, masih tetep ngarasa heran jeung
kaget.
Rata2 nu aya di dinya nganggap Jalma, kurang waras. Ki Demang
oge teu tahan terus nyorowok :”Wat !? Gotverdom zeg !”Ngomongna wawalandaan,
bari teu pati lancar.
Jalma ngadenge omongan Ki Demang, terus we nyorowok make basa
Holland spreken ……………… Kacida kagetna Ki
Demang, nepi ka paromanna robah, jadi sepa; tuluy we manehna nyarita mani
marahmay ku Basa Jawa:” Ah sampeyan iso ngomong Holland tha……..? Kulo menta
jeung ngajak
sampeyan asup ka imah Kulo sabage tamu .”
Ayeuna kabehanana leuwih hareran jeung karaget deui; nempo Ki
Demang nu biasa sawenang wenang, ayeuna malah mani marahmay ka Jalma; padahal
Jalma geus ngaganggu ka na hukuman nu keur dijalankeun ku Ki Demang ka tukang
angon kademangan. Malah ayeuna diaku supaya asup ka imah Demang.
Sihoreng eta Ki Demang Joyo Mertoyo teh “Blandis” , nu
hartina ka nu lemah nindes; tapi ari ka Bangsa asing dianggap “TUAN” teu
sirikna diletakan dampal sukuna. Tah ieu ciri2 Hiji Demang Joyo Mertoyo teh;
manehna kacida hayangna diajar Basa Walanda; manehna diajar sautak saeutik ka
nu ngarti ieu Basa; tah ku sabab Jalma nyarita fasih pisan basa Blanda; da
sering praktek tea jeung Richard sarta Bella; atuh barang Ki Demang ngadenge
omongan Jalma ku Basa Holland; bari rada teu kahartieun ku Ki Demang; langsung
we na hatena hayang diajar ka Jalma, Nya atuh harita Jalma dihiap hiap ku Ki
Joyo Mertoyo; ari nu dihukum dibebaskeun; nu belasan jelema ge teu dihukum;
terus we Jalma asup ka imah Ki Demang diiring ku Ki Bejo.HANCA