Kisah Zen - Prinsip Kahiji

Lamun urang nyaba ka Kuil Obaku di Kyoto bakal manggihan ukiran luhureun
gapura kekecapan "Prinsip Kahiji." Tulisannana baradag pisan, pikeun nu
ngahargaan kana kaligrafi mah salawasna muji salaku hasil karya agung. Eta
kaligrafi dilukis ku Kosen dua ratus taun kaliwat.

Nalika eta pandita ngalukis manehna migawena dina keretas, saterusna pagawe
nyieun ukirannana nu leuwih badag dina papan kai. Nalika Kosen nyieun
sketsa aksarana aya saurang muridna nu gede wawanen maturan bari
mangnyieunkeun mapirang galon mangsi keur kaligfafi sarta eta pamuda teu
pernah gagal pikeun ngiritik hasil gawe guruna.

"Eta mah teu hade," pokna ka Kosen sanggeus migawe munggaran.

"Kumaha ari nu ieu?"

"Butut, leuwih goreng ti nu samemehna," tempas muridna.

Kosen kalayan sabar nulis salambar-salambar nepi ka dalapan puluh opat
lambaran 'Prinsip Kahiji' geus numpuk, masih can meunang keneh kasaluyuan
ti muridna.

Sanggeus kitu, nalika eta pamuda ingkah kaluar sakeudeung, Kosen mikir:
"Ayeuna kasempetan aing lolos tina panenjo panonna nu seukeut," bari gutrut
nulis gura-giru, kalayan pikiran nu bebas tina tekenan. "Prinsip Kahiji."

"Hiji karya agung," gorowok muridna luncat.

Tarjamahan "The First Principle" tina "101 Zen Story".
Panarjamah: Ki Hasan
***

Kirim email ke