Nyata Jalma salian ti calakan ka na diajar, oge ngajar batur
oge bisa; jeung Ki Demang Mertoyo Kacida sumangetna diajar ku Jalma teh. 


Kacaturkeun Utari, adina Ki Demang; ti barang nenjo Jalma,
manehna teu nyaho kumaha jadi robah kalakuanana; tadina mah sok galak pisan ka
lalaki teh, teu kaop aya nu ngadeukeutan pasti meunang semprotan; tapi barang
panggih jeung Jalma manehna siga nu lungguh tapi someah pisan; kalan2 manehna
sorangan nu mawa cai keur Jalma waktu Jalma keur ngajar; keun we karunya cenah
Si Iyem capeeun. 


Eta kalakuaan Utari kitu teh , teu disangka aya nu ngawaskeun,
bari jeung kaciri rada kekerot; eta nu ngawaskeun kalakuan Sari teh anak buah
Ki Demang nu jadi Kapala prajurit; ngaranna Sudewo; umurna kira2 25 taunan;
manehna geus lila naksir Utari tapi tara dilayanan; ari ayeuna kaciri pisan
Utari tingkah lakuna siga hayang ditaksir ku budak ngora anyar pinanggih; nya
manehna mikir kumaha carana ieu budak ngora anyar teh bisa disina indit
gagancangan, tapi teu matak ngagujrudkeun da kapan eta budak ngora teh dihenteu
henteu ge guru Ki Demang. 


Nya dina hiji mangsa mah Ki Sudewo ngondang Jalma ka imahna,
cenah aya hajat leuleutikan; atuh si Bejo mani jigrah atoheun pisan; sabab
geus aya dua mingguna manehna nganggur; jadi kesel pisan; enya ari sagalana mah
cukup disadiakeun, ngan orokaya euweuh pisan gawe; nu matak ku ayana ondangan
ieu manehna atoheun pisan. Nya bral we Jalma jeung ki Bejo indit ka imah
Sudewo. 


Di imah Sudewo geus ngumpul aya limaan babaturan Sudewo, nu
oge prajurit Demang; terus wae Jalma dititah dahar; sanggeus sawatara lilana Ki
Sudewo menta nu limaan ngayakeun demo Silat. Tapi kakara ge sajurus dua jurus;
Ki Bejo teu tahan nyorowok:”Heh, ieu teh demo silat ? atawa rek igel2an ?” 


Atuh eta babaturan Sudewo Kacida amarahna, terus we nangtang
ka si Bejo:”Sok atuh maneh maju; lawan ieu kulo mun perlu tah jeung ki guru.” 


Gancang we Jalma nyegah si Bejo maju, bari sadu2 menta maaf.
Tapi eta prajurit keuheuleun pisan; geus kitu ki Sudewo jeung nu sejenna oge
narangtung terus Sudewo ngomong Kacida garihalna:”Eh Ki Guru;   ulah
kena2 maneh diangkat guru ku Ki Demang, terus jadi ngunghak minculak, ka urang
sarerea, maneh teh tetep we semah, nu teu nyaho naon2! Jadi ati2 di na sagala
kalakuan tindak tanduk maneh !” 


Jalma :”Naha kituh ku naon ? Naha kuring geus ngalakukeun
kasalahan ?” 


Sudewo:”keur hiji semah, ngobrol jeung wanoja di dieu bari
paduduaan; eta ngaranna geus ngunghak campelak !” 


Jalma:”Naha da tara ngobrol jeung sasaha kuring mah, ari lain
jeung Ki Demang mah.” 


Sudewo:”Tong ngangles siah ! kamari kaciri maneh ngobrol
jeung Utari ! Nanaonan siah !” 


Jalma :”da kuring ditanya ? piraku ngabetem wae.” 


Sajeroning ngobrol kitu Si Bejo mah geus kekerot hayang
nindak eta prajurit2 nu teu boga wiwaha, jeung asal jeplak ngan manehna teu
wani, lantaran dicaram ku Jalma tea; manehna kacida heranna ku naon Jalma aya
ku sabar2 teuing ? Tapi ari dipikir dibulak balik deui, manehna seuri na
hatena, memang alus Jalma, engke bakal aya tontonan anu Kacida lucuna.
Hahahaha. Enyaan Jalma mah hebat, heureuyna ge teu siga2; wah rasakeun siah
prajurit, arilaing neangan panyakit ! Hahahaha. Kitu si Bejo di na hatena.
HANCA
 

Kirim email ke