Susuguh gancang kaluar’ terus we Jalma jeung Ki Bejo nyikat
naon wae nu disuguhkeun, lantaran geus lila pisan tara ngadahar nu ngareunah
kitu. Ki Demang mani someah pisan, terus nanya dimana Jalma diajar basa
Hollands. 

Barang ku Jalma diterangkeun yen di Onderneming Van Hendrik,
Ki Demang unggut2an; beuki we ngahargaan ka Jalma; lantaran di na pamikirna
lamun boga hubungan jeung Kumpeni, bari diajar basa Holland, pasti eta jelema
istimewa pisan; teu meunang dianggap enteng. Tah Ki Demang teh atuh narima
Jalma enya2 ngahormat pisan; terus we nyaritakeun maksudna rek ngangkat Jalma
jadi guru. Jalma enya ge boga tugas neangan Nyi Ipah jeung baturna ( Nyi Epon
meureun ); tapi ayeuna kapaksa kudu narima eta tawaran, lantaran euweuh jalan
sejen deui pikeun nulungan rayat nu dihukum salian ti kudu kitu. Nya atuh
hoream2 ge, lantaran boga pancen tea, kapaksa da geus kapalang Jalma neangan
masalah sorangan; kapaksa kudu ditanggung tah eta masalah teh, ku manehna. Keun
we meureun eta dua budak awewe mah, da dicekel ku Mawar Hideung sigana diangkat
murid, moal susah2 teuing. Kitu pikiran Jalma harita. 

Jeungna deui Jalma teh boga sipat anu TIGIN; teu galideur di
na soal bebeneran; ku sabab manehna nu nyieun ieu masalah; nya daek teu daek
kudu dituntaskeun sakalian. Nya Jalma cicing di imah Demang ngajar Demang 
Martoyo
basa Holland. 

Ki
Demang teh boga adi awewe, nu diogo pisan ku Ki Demang lantaran ieu Demang teh
sanyatana pahatu lalis da leutik keneh geus ditinggalkeun maot ku indung
bapana; harita Nyi Utari adina Ki Demang leutik keneh pisan; nya atuh Demang
teh ngurus adina sabage indung bapana. KU sabab ieu ki Demang teh enya ge
bengis lantaran guruna Ngaranna Embah Seco baheulana Rampog jadug, jadi sipat
kakejeman begal nurun ka Joyo Mertoyo; tapi ari ka Utari mah adina, Kacida
nyaahna ieu Ki Joyo Mertoyo teh. Manehnaa matak diangkat Demang, lantaran geus
bisa ngamankeun eta daerah padukuhan Batuurip jeung sabudeureunana ; manehna
memang digjaya . Nya sabage panghargaan manehna diangkat Demang ku Susuhunan,
sanggeus aya rekomendasi ti Regent Van Maar di Yogya; tah ti harita manehna ku
sabab ambisi manehna mikir yen mun pangkatna hayang mantep manehna kudu bisa
ngadeukeutan Tuanna ti Kumpeni; da sigana Kumpeni leuwih Kawasa ti batan
Susuhunan Mataram. Ku sabab kitu manehna boga patekadan, hayang bisa ngomong
basa Holland.

HANCA

Kirim email ke