Ma, Kumaha Ari Soanten Bapa Téh?

Sakapeung, sora Bapa téh ngajanggélék saung basajan, nu camperenik di
tengah enay sawah satungtung ténjo. Di jero saung nu blung-blong teu
dipindingan, kuring direujeungan babaturan dalit, ngariung amparan daun
manggala, nu di luhureunna nambru liwet ngebul diawur beuleum peda jeung
goréng jéngkol. Sambel goang nyongclo di hareupeun andekak séwang-séwangan.

Nyeplés halimpu sora indung, nu mépéndé ku dongéng angréngna imah,
cur-corna arak jeung madu di taman, tempat Bapa cicing.

Remen, sora Bapa téh, kalah ngajanggélék géng motor, nu riab ngunguah
jalan. Nu knalpotna ngaluarkeun sahéng, teu puguh déngé. Nu ukur nyésakeun,
pulek haseup 2 tak nu nyesek irung jeung lambaran-lambaran warta di
koran-koran konéng.

Persis gelendeng indung, nyaritakeun bésmen imah agréng Bapa nu dina
bilikna nyelap hoé ditarapang potélan kulit geunteul, mun kuring elat
balik, jongjon teuing ulin.

-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke