makar? haruh! beuki asih wae si Abah mah heuheu. ngajungkelkeun Pangeran tina korsina? abdi can kungsi ngadangu dina hasanah carita islam mah eung. tiasa janten bah abas mah ngarujuk ka carita lusiper tea nya?
:) 2012/4/27 Abbas <[email protected]> > ** > > > Tuhan tos mafhum yen diantara sakabeh Makhluknaa; nu paanghebatna > pangsaktina teu aya deui iwal ti IBLIS !@ > Tuhan Uninga yen Iblis kacida sombongna ! Padahal Tuhan paangteu resepna > ka nu sombong. Tuhan Mafhum yen Iblis hayang nyieun makaar ! Tapi taya > BUKTI. > > Tapi masing teu aya bukti ge mungguh di GUSTI mah Wenang wae ngalakukeun > naon wae oge. > > Tapi Tuhan aya sifat Maha ADIL. > > Tah Tuhan ngumumkeun yen rek NYIPTAKEUN makhluk anyar; diprotes ku Iblis > jeung ku para Malaikat; pangpaangna Iblis. > Malaaikat ge teu loba protes ka Iblis da memang Iblis leuwih sakti ti > batan sakabeh Malaikat; ngabaretem we. > > Nya ujian nu pangaahirna sina sarujud; ETA PARENTAH TUHAN. > Para Malaikat sujud ILLA Iblis ! Lantaran manehna sombong. > Tah di dinya Tuhan ayeuna mah aya alesan keur ngahukum IBLIS; da alesanana > geus aya ! > Jadi PARENTAH Pangeran leuwih luhur tingkatanana ti bataan Pasyirikan. > > IBLIS Seuri ngagakgak bari rek ngejat; na hatena uing moal butuh ku > bantuan Tuhan ieuh; rek naon sok ? > > Naaa atuh barang rek cengkat rek indit ti dinya; rampohpoy we leuleus > sakedet netra sagala kasaaktenna leungit ! Malah katiup angin ge ngarasa > sakulit kulitna nyeri ! Ti dinya Iblis totobaatan; ampun2an. > Moal wani2 deui ngalawan ka Gusti !@ > > Seug dihampura saur Gusti; terus maneh rek menta naon HIJI we. > > Yeuh Gusti pulangkeun deui kasaktian kuring; eta we pamenta kuring mah > moal loba2. > > Heug dibere ku Kula saur Tuhan nu Maha Adil. > > Cak ! Cek Iblis ! Sakedet netra iblis sakti deui; terus nyakakak seuri > hahahaha Tuhan ! ti semet ayeuna kula bakaal ngaganggu jeung ngagoda ka > manus a! mun perlu diperekeun ku kula ! Hahahaha, naon sababna atuh make > mere kasaktian ka Kaula; salah anjeun Tuhan. Hahahaha > > Enya, tapi kasakten sampeyan aya wates waktuna ! > > Aya wates waaktuna ? cek Iblis bari ngadelek > > Enya! > > Naon tah watesna. > > Lamun dunya kiamat ! > > Iraha dunya kiamat !? > > Engke mun manusa euweuh nu iman deui; tak didinya akhir kiamat; kasakten > maneh dicokot deui ! > > Sajongjongan maah ngahuleng we iblis teh; lantaran mun maanusa dipaehan > kabeh sarua jeung kiamat; mun henteu kumaha atuh ? > > Nya akhirna mah Iblis ngaleos bari kukulutus............ > Tapi memaang Iblis ngolok Tuhan; tapi sabenerna Tuhan nu ngolok2 Iblis. > > Ku sabab bingung Iblis teh kadang ngagoda kadaang henteu; malah boga anak > buah nu garalak jeung leuwih rajin ngagoda supaya manusa teu boga iman; > atuh ayeuna mah si Iblis nu hemar hemir sieun nu beriman beak; jadi manehna > oge kapaksa milu ngajaga supayaa manusa nu iman ulah beak. > > Tapi masing kalah kumaha ge tetep PROGRAM TUHAN nu bakal jalan mah. > Mun Tuhan tos nangtoskeun waktuna; Iblis ge bakal teu bisa ngahalangan > ayanaa kiamah nu diawalan ku beakna nuariman. > > --- In [email protected], ilen kardani <ilen1017@...> wrote: > > > > Dunungan, > >  > > Sigana Iblis aya dina kaayaan DILEMA, sabab inyana wawuh jeung > meureunan TAUHID ka Allah saencan Adam dicipta, tapi sanggeusna aya Adam > anu kawilang makhluk ANYAR, naha Allah miwarang Iblis kudu sumujud ka > makhluk nu anyar (Adam)? Pan teu aya nu kedah disembah salian ti Anjeuna? > naha moal ngotoran kana katauhidanana? Pedah eta Adam leuwih pinter ti > batan Iblis jeung Malaikat? Pan elmuna oge ti Allah, naha Adam nu jadi > kudu disembah? > > Jauh saencan Adam dicipta, geus aya selentingan ti Allah ka para > Malaikat yen Anjeuna bade nyiptakeun manusa, anu cenah ceuk pendapatna para > Malaikat mah manusa teh bakal nyieun bancang pakewuh. Ari ayeuna kudu > disembah? Kumaha ieu teh?.................kitu sigana DILEMA na sang Iblis. > >  > > > Kadieunakeun, sakabeh turunan Adam ceuceub ka Iblis sabab manehna embung > sumujud ka luluhur manusa jeung ngabantah piwarangan Allah, kitu deui > sabalikna sigana sakabeh turunan Iblis ceuceub ka manusa sabab gara-gara > manusa Allah jadi bendu ka sakabeh makhluk nu ngarana Iblis. Padahal > saencan manusa dicipta mah para Iblis jeung malaikat di sawarga teh > ngahenang -ngahening .........meureunan kitu oge. > >  > > > Hatur punten, anggap we eta mah pipikiran neutral nu datangna ti Batara > Surya (Panonpoe) nu teu aya pakuat pakait ka Iblis atawa ka Manusa. > >  > > ilen kardani > >  > > > > ________________________________ > > From: Sp Saprudin <udarider@...> > > To: "[email protected]" <[email protected]>; wongbanten < > [email protected]>; "[email protected]" < > [email protected]>; Kua Cilograng <kua_cilograng@...> > > Sent: Friday, April 27, 2012 11:32 AM > > Subject: [kisunda] NYI RORO KIDUL SALAH SAHIJI TI JENIS JIN (IBLIS) > > > > > >  > > Nyi Roro Kidul > > Masyarakat Pulau Jawa utamana basisir kidul percaya yen Nyi Roro Kidul > mangrupakeun Panguasa Laut Kidul. Carita anu turun tamurun, jeung loba > jalma anu nyaritakeun boh ku omongan atawa ku tulisan anu macem-macem > versi. Tapi ceuk kuring eta carita kurang bisa dipertanggung jawabkeun > kaabsahana. Ah ceunah jeung ceunah, anu jelas ceuk kuring mah eta teh > carita legenda masyarakat anu dintindak lanjuti ku para Iblis/Jin pikeun > nyesatkeun jalma. > > > Ngomongkeun Nyi Roro Kidul berarti ngomongkeun Iblis/Jin. Dina hal ieu > kuring rek nukilkan dalilna, diantarana ieu : > > > > Dawuhan Allah dina al Qur'an anu hartosna : "Jeung (Ingeut) mangsa Kami > ngadawuh ka para malaikat : "Sarujud maraneh ka Adam", mangka maranehna > sujud kacuali iblis. Manehna nyaeta ti golongan jin, mangka manehna geus > doraka kana parentah Pangerana. Naha pantes nyokot manehna jeung turunana > sabage pamimpin salain ti Kami, sedeng manehna nyaeta musuh maneh. Pang > gorengna Iblis eta sabage gaganti (Allah) pikeun jalma-jalma anu lalim". > (Q.S. Al Kahfi : 50). > > > > > Musnad Ahmad 14027 : Geus nyarita ka kami Abu Ahmad geus nyarita ka kami > Sufyan ti Abu Az Zubair ti Jabir ti Rasulallah shallallahu'alaihi wassalam > ngadawuh : "Singgasana Iblis nyaeta di tengah laut, didinya manehna > ngirimkeun para prajuritna. Anu pang luhur kadudukanna nyaeta anu pang > badag kajahatanana". > > > > Shahih Muslim 5031 :Geus nyarita ka kami Utsman bin Abu Syaibah jeung > Ishaq bin Ibrahmi, nyarita Ishaq : Geus ngabarkeun ka kami, sedengkeun > Utsman nyarita : Geus nyaritakeun ka kami Jarir ti Al A'masy ti Abu Sufyan > ti Jabir nyarita : Kuring ngadenge Nabi Shalallahu'alaihi wa Salam ngadawuh > : "Saestuna singgasana Iblis aya di luhur laut", manehna ngirimkeun bala > tentarana tuluy maranehna ngagoda manusa. Anu pang agung ti iblis nyaeta > (setan) anu pang gede godaanna". > > > > Musnah Ahmad 13858 : Geus nyarita ka kami Abu Mu'awiyah geus nyarita ka > kami Al 'A'masy ti Abu Sufyan ti Jabir nyarita : Rasulallah shalallahu > 'alaihi wasalam ngadawuh : "Iblis nendeun istanana di luhur cai tuluy > ngutus pasukanna. Singgasana pang handapna di cai dicicingan ku anu > panggedena kajahatanana, Iblis ngadatangan hiji per hiji anggotana, aya anu > ngajawab : 'Kuring geus ngalakukeun ieu jeung itu', mangka (iblis) nyarita > : 'Maneh tacan milampah naon-naon' (Rasulallah Saw.) ngadawuh : "Tuluy > manehna ngadatangan anu sejen jeung nyarita : 'Kuring henteu ninggalkeun > manehna, sampe kuring bisa misahkeun manehna jeung pamajikanana". > (Rasulallah Saw.) ngadawuh : "Mangka manehna (Iblis) kaseut ngajadikeun > anggotana anu geus hasil misahkeun salaki-pamajikan eta deukeut jeung > manehna, atawa Anjeunna ngadawuh : "Mangka manehna sok marengan, hingga > raja iblis eta ngomong : 'Balad anu alus nyaeta maneh', Abu Mu'awiyah > pernah nyarita : "Mangka iblis ngajadikeun > > anggotana eta paling deuketu" jeung manehna. > > > > Dumasar kana dalil-dalil di luhur, kuring ngagambarkeun yen Nyi Roro > Kidul anu dipuja jeung di puji ku sabagean masyarakat Jawa (Jawa Barat, > Tengah jeung Timur) mangrupakeun jelmaan Iblis (Setan) pikeun nyesatkeun > manusa. > > > > Sakitu > > > >   > > > > > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
