Nya ti mana we atuh ari sumber caritaa maah; ngan wae nu jelas di Qur_an Iblis 
geus kacaritakeun dihukum we ! Perjanjian we ! Rek ngagoda manusa we !
Tah carita jujutanana teu jelas; ngan UNTUNG urang/manusa boga BRAIN nu bakal 
mekar; nu bakal nyaritakeun sabab musabab jeung akibat2na make saeutik logika; 
PLUS pastina ge PITUDUH ti GUSTI ! Tah Abbas kitu tah carita sacerewelena teh.

Kumaha tah kang Dud ? Bade satuju wae atanaapi sejaa baha ka abah ?
Upami bade saluyu; amaan; nyuhunkeun tetesaan, sareng di naa waktosna; mugi 
merelukeun sumping kaa Kisunda; ngeuyeuban tulisan.

Upami semang galih; henteu nyatujuaan; enggal sasayagian; reh kapaksa perang 
jurit; ngantos walonan; tawis nu jadi wakil.

Nya Kaula Kresna Raja Dwaraka.
Hahahaha jadi ka na bharatayuda anggitan ardhiwisastra.

--- In [email protected], Dudi Herlianto <dudi.herlianto@...> wrote:
>
> makar? haruh! beuki asih wae si Abah mah heuheu. ngajungkelkeun Pangeran
> tina korsina? abdi can kungsi ngadangu dina hasanah carita islam mah eung.
> tiasa janten bah abas mah ngarujuk ka carita lusiper tea nya?
> 
> :)
> 
> 2012/4/27 Abbas <abas_amin08@...>
> 
> > **
> >
> >
> > Tuhan tos mafhum yen diantara sakabeh Makhluknaa; nu paanghebatna
> > pangsaktina teu aya deui iwal ti IBLIS !@
> > Tuhan Uninga yen Iblis kacida sombongna ! Padahal Tuhan paangteu resepna
> > ka nu sombong. Tuhan Mafhum yen Iblis hayang nyieun makaar ! Tapi taya
> > BUKTI.
> >
> > Tapi masing teu aya bukti ge mungguh di GUSTI mah Wenang wae ngalakukeun
> > naon wae oge.
> >
> > Tapi Tuhan aya sifat Maha ADIL.
> >
> > Tah Tuhan ngumumkeun yen rek NYIPTAKEUN makhluk anyar; diprotes ku Iblis
> > jeung ku para Malaikat; pangpaangna Iblis.
> > Malaaikat ge teu loba protes ka Iblis da memang Iblis leuwih sakti ti
> > batan sakabeh Malaikat; ngabaretem we.
> >
> > Nya ujian nu pangaahirna sina sarujud; ETA PARENTAH TUHAN.
> > Para Malaikat sujud ILLA Iblis ! Lantaran manehna sombong.
> > Tah di dinya Tuhan ayeuna mah aya alesan keur ngahukum IBLIS; da alesanana
> > geus aya !
> > Jadi PARENTAH Pangeran leuwih luhur tingkatanana ti bataan Pasyirikan.
> >
> > IBLIS Seuri ngagakgak bari rek ngejat; na hatena uing moal butuh ku
> > bantuan Tuhan ieuh; rek naon sok ?
> >
> > Naaa atuh barang rek cengkat rek indit ti dinya; rampohpoy we leuleus
> > sakedet netra sagala kasaaktenna leungit ! Malah katiup angin ge ngarasa
> > sakulit kulitna nyeri ! Ti dinya Iblis totobaatan; ampun2an.
> > Moal wani2 deui ngalawan ka Gusti !@
> >
> > Seug dihampura saur Gusti; terus maneh rek menta naon HIJI we.
> >
> > Yeuh Gusti pulangkeun deui kasaktian kuring; eta we pamenta kuring mah
> > moal loba2.
> >
> > Heug dibere ku Kula saur Tuhan nu Maha Adil.
> >
> > Cak ! Cek Iblis ! Sakedet netra iblis sakti deui; terus nyakakak seuri
> > hahahaha Tuhan ! ti semet ayeuna kula bakaal ngaganggu jeung ngagoda ka
> > manus a! mun perlu diperekeun ku kula ! Hahahaha, naon sababna atuh make
> > mere kasaktian ka Kaula; salah anjeun Tuhan. Hahahaha
> >
> > Enya, tapi kasakten sampeyan aya wates waktuna !
> >
> > Aya wates waaktuna ? cek Iblis bari ngadelek
> >
> > Enya!
> >
> > Naon tah watesna.
> >
> > Lamun dunya kiamat !
> >
> > Iraha dunya kiamat !?
> >
> > Engke mun manusa euweuh nu iman deui; tak didinya akhir kiamat; kasakten
> > maneh dicokot deui !
> >
> > Sajongjongan maah ngahuleng we iblis teh; lantaran mun maanusa dipaehan
> > kabeh sarua jeung kiamat; mun henteu kumaha atuh ?
> >
> > Nya akhirna mah Iblis ngaleos bari kukulutus............
> > Tapi memaang Iblis ngolok Tuhan; tapi sabenerna Tuhan nu ngolok2 Iblis.
> >
> > Ku sabab bingung Iblis teh kadang ngagoda kadaang henteu; malah boga anak
> > buah nu garalak jeung leuwih rajin ngagoda supaya manusa teu boga iman;
> > atuh ayeuna mah si Iblis nu hemar hemir sieun nu beriman beak; jadi manehna
> > oge kapaksa milu ngajaga supayaa manusa nu iman ulah beak.
> >
> > Tapi masing kalah kumaha ge tetep PROGRAM TUHAN nu bakal jalan mah.
> > Mun Tuhan tos nangtoskeun waktuna; Iblis ge bakal teu bisa ngahalangan
> > ayanaa kiamah nu diawalan ku beakna nuariman.
> >
> > --- In [email protected], ilen kardani <ilen1017@> wrote:
> > >
> > > Dunungan,
> > > Â
> > > Sigana Iblis aya dina kaayaan DILEMA, sabab inyana wawuh jeung
> > meureunan TAUHID ka Allah saencan Adam dicipta, tapi sanggeusna aya Adam
> > anu kawilang makhluk ANYAR, naha Allah miwarang Iblis kudu sumujud ka
> > makhluk nu anyar (Adam)? Pan teu aya nu kedah disembah salian ti Anjeuna?
> > naha moal ngotoran kana katauhidanana? Pedah eta Adam leuwih pinter ti
> > batan Iblis jeung Malaikat? Pan elmuna oge ti Allah, naha Adam nu jadi
> > kudu disembah?Â
> > > Jauh saencan Adam dicipta, geus aya selentingan ti Allah ka para
> > Malaikat yen Anjeuna bade nyiptakeun manusa, anu cenah ceuk pendapatna para
> > Malaikat mah manusa teh bakal nyieun bancang pakewuh. Ari ayeuna kudu
> > disembah? Kumaha ieu teh?.................kitu sigana DILEMA na sang Iblis.
> > > Â
> >
> > > Kadieunakeun, sakabeh turunan Adam ceuceub ka Iblis sabab manehna embung
> > sumujud ka luluhur manusa jeung ngabantah piwarangan Allah, kitu deui
> > sabalikna sigana sakabeh turunan Iblis ceuceub ka manusa sabab gara-gara
> > manusa Allah jadi bendu ka sakabeh makhluk nu ngarana Iblis. Padahal
> > saencan manusa dicipta mah para Iblis jeung malaikat di sawarga teh
> > ngahenang -ngahening .........meureunan kitu oge.
> > > Â
> >
> > > Hatur punten, anggap we eta mah pipikiran neutral nu datangna ti Batara
> > Surya (Panonpoe) nu teu aya pakuat pakait ka Iblis atawa ka Manusa.
> > > Â
> > > ilen kardani
> > > Â
> > >
> > > ________________________________
> > > From: Sp Saprudin <udarider@>
> > > To: "[email protected]" <[email protected]>; wongbanten <
> > [email protected]>; "[email protected]" <
> > [email protected]>; Kua Cilograng <kua_cilograng@>
> > > Sent: Friday, April 27, 2012 11:32 AM
> > > Subject: [kisunda] NYI RORO KIDUL SALAH SAHIJI TI JENIS JIN (IBLIS)
> > >
> > >
> > > Â
> > > Nyi Roro Kidul
> > > Masyarakat Pulau Jawa utamana basisir kidul percaya yen Nyi Roro Kidul
> > mangrupakeun Panguasa Laut Kidul. Carita anu turun tamurun, jeung loba
> > jalma anu nyaritakeun boh ku omongan atawa ku tulisan anu macem-macem
> > versi. Tapi ceuk kuring eta carita kurang bisa dipertanggung jawabkeun
> > kaabsahana. Ah ceunah jeung  ceunah, anu jelas ceuk kuring mah eta teh
> > carita legenda masyarakat anu dintindak lanjuti ku para Iblis/Jin pikeun
> > nyesatkeun jalma.
> >
> > > Ngomongkeun Nyi Roro Kidul berarti ngomongkeun Iblis/Jin. Dina hal ieu
> > kuring rek nukilkan dalilna, diantarana ieu :
> > >
> > > Dawuhan Allah dina al Qur'an anu hartosna : "Jeung (Ingeut) mangsa Kami
> > ngadawuh ka para malaikat : "Sarujud maraneh ka Adam", mangka maranehna
> > sujud kacuali iblis. Manehna nyaeta ti golongan jin, mangka manehna geus
> > doraka kana parentah Pangerana. Naha pantes nyokot manehna jeung turunana
> > sabage pamimpin salain ti Kami, sedeng manehna nyaeta musuh maneh. Pang
> > gorengna Iblis eta sabage gaganti (Allah) pikeun jalma-jalma anu lalim".
> > (Q.S. Al Kahfi : 50).
> >
> > >
> > > Musnad Ahmad 14027 : Geus nyarita ka kami Abu Ahmad geus nyarita ka kami
> > Sufyan ti Abu Az Zubair ti Jabir ti Rasulallah shallallahu'alaihi wassalam
> > ngadawuh : "Singgasana Iblis nyaeta di tengah laut, didinya manehna
> > ngirimkeun para prajuritna. Anu pang luhur kadudukanna nyaeta anu pang
> > badag kajahatanana".
> > >
> > > Shahih Muslim 5031 :Geus nyarita ka kami Utsman bin Abu Syaibah jeung
> > Ishaq bin Ibrahmi, nyarita Ishaq : Geus ngabarkeun ka kami, sedengkeun
> > Utsman nyarita : Geus nyaritakeun ka kami Jarir ti Al A'masy ti Abu Sufyan
> > ti Jabir nyarita : Kuring ngadenge Nabi Shalallahu'alaihi wa Salam ngadawuh
> > : "Saestuna singgasana Iblis aya di luhur laut", manehna ngirimkeun bala
> > tentarana tuluy maranehna ngagoda manusa. Anu pang agung ti iblis nyaeta
> > (setan) anu pang gede godaanna".
> > >
> > > Musnah Ahmad 13858 : Geus nyarita ka kami Abu Mu'awiyah geus nyarita ka
> > kami Al 'A'masy ti Abu Sufyan ti Jabir nyarita : Rasulallah shalallahu
> > 'alaihi wasalam ngadawuh : "Iblis nendeun istanana di luhur cai tuluy
> > ngutus pasukanna. Singgasana pang handapna di cai dicicingan ku anu
> > panggedena kajahatanana, Iblis ngadatangan hiji per hiji anggotana, aya anu
> > ngajawab : 'Kuring geus ngalakukeun ieu jeung itu', mangka (iblis) nyarita
> > : 'Maneh tacan milampah naon-naon' (Rasulallah Saw.) ngadawuh : "Tuluy
> > manehna ngadatangan anu sejen jeung nyarita : 'Kuring henteu ninggalkeun
> > manehna, sampe kuring bisa misahkeun manehna jeung pamajikanana".
> > (Rasulallah Saw.) ngadawuh : "Mangka manehna (Iblis) kaseut ngajadikeun
> > anggotana anu geus hasil misahkeun salaki-pamajikan eta deukeut jeung
> > manehna, atawa Anjeunna ngadawuh : "Mangka manehna sok marengan, hingga
> > raja iblis eta ngomong : 'Balad anu alus nyaeta maneh', Abu Mu'awiyah
> > pernah nyarita : "Mangka iblis ngajadikeun
> > > anggotana eta paling deuketu" jeung manehna.
> > >
> > > Dumasar kana dalil-dalil di luhur, kuring ngagambarkeun yen Nyi Roro
> > Kidul anu dipuja jeung di puji ku sabagean masyarakat Jawa (Jawa Barat,
> > Tengah jeung Timur) mangrupakeun jelmaan Iblis (Setan) pikeun nyesatkeun
> > manusa.
> > >
> > > Sakitu
> > >
> > > Â Â
> > >
> >
> >  
> >
> 
> 
> 
> -- 
> d-: dudi herlianto :-q
> paciringan.wordpress.com
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke