Di rumah sakit harita aya Bapa-bapa keur ngagandong anakna. Eta budak leweh 
meni tarik pisan bari leungeunna nunjuk ka arah luar, pokna "Paaaa 
uuuuuuhhhh....mbiiiim.....paaa....mbiiiiiim". Bapana teu ngartieun anu anu 
dimaksud ku anakna, tuluy bapana nanya ka anakna "Dede hoyong naon, cep ah ulah 
nangis, era ka batur". Eta budak tambah tarik lewehna 
"Aaaaaaaaaa.......aaaaaaaaaaaaaaaaaa..........paaaaaaa....mbiiiimmmmm, dede 
oyong mbiiimmmmmmmm.....didiiiiiiiiiiiiiid....mbiiiiiiiiiiiiiiim". Bapana 
gagaro teu ateul, da puguh teu ngarti kahayang anakna. "Dede cep ah tong nagis, 
 naon mbiim teh?" ceuk bapana negeskeun kahayang anakna. Eta budak lewehna rada 
laun, bari ngecapkeun kahayangna "Dede oyong 
momokbidan...mbiiiim....dididiiiiiiiiid" bari meraktekeun leungenna. Eta si 
bapa nangkep sora anaknya ngan kecap momokbidan, manehna rada ngahuleung bari 
mikir "Ah...ieu budak aya-aya wae kahayang teh, kumaha carananya". Teu lila 
"De, antosan didieu nya, tong
 kamana-mana, bapa bade milarian momokbidan" leos manehna teh indit ninggalkeun 
anakna anu keur diuk di ruang tunggu pasen. Teu lila torojol bapana balik deui 
dibarengan ku Bidan. Eta bidan salah tingkah jeung pinuh kabingung. Tuluy si 
bapa ngomong ka anakna pokna "Yeuh dede bapak nyandak Bu Bidan, sok kadinya ari 
hoyong nyepengan momokbidan mah" Eta budak tambah tarik lewehna 
"Aaaaaaaaaaaaaaa.....aaaaaaaaaaaaaaaaaaaa.........anes...anes...ndede oyong 
momokbidaaaaaaaaaaan". Ceuk bapana "Atuh ieu gerua cepengan, mempeng aya bu 
didanna". Teu kungsi lila indungna budak datang "Euleuh2, kunaon eta si dede 
nangis pa?". Dijawab ku bapana "Eta ceunah hoyong momokbidan, nya kapaksa bapa 
nyandak ieu bu bidan bisi eta budak panasaran" Dijawab ku indungna si budak "Ah 
dasar bapa teh belegug, maksud dede teh momobilan, lain momokbidan, ah 
pinajiseun si bapa teh, piraku momokna bidan!!! rada nyengereng. Huh anu jadi 
bapana tulalit teu ngarti pisan nyah!!

Kirim email ke