Sanggeus sawatara lilana Jalma sare, terus lilir culang cileung, katempo Ki Bejo keur kerek tapi bari diuk; Jalma ampir2 nyakakak lantaran sangkaanana pasti di na sajeroning ngajaga, si Bejo kasarean; tapi barang ngareret teu jauh ti dinya aya oray gede ngarengkol sirahna bubuk; wah pasti Ki Bejo tarung jeung ieu oray Sanca. Nya diantep we Ki Bejo sina sare; da memang ayeuna mah giliran manehna nu jaga. Jalma aya kapanasaran ngeunaan eta leuweung teh; sabab samemeh indit ti leuweung , balik deui katempat ieu, manehna asa ngareret aya hiji lolongkrang diantara kakaian jeung rungkun2 hiji jalan nu sigana bisa norobos ka eta leuweung; hartina lain teu disaba saba teuing ku jelema eta leuweung teh; sigana pernah oge aya jelema nu nyoba2 asup ka eta leuweung. Tapi Jalma teu neruskeun eta pikiran teh terus we diuk ngalempengkeun jalan napas. Isukna sanggeus tayamum jeung shalat shubuh bral we Jalma indit ka jalan nu ngajurus ka Wetankeun, dituturkeun ku Ki Bejo; di na waktu dhuha kaciri ti kajauhan aya hiji pakampungan di hareup; nya Jalma jeung Bejo nuju ka eta pakampungan. Ki Bejo kaciri mani jigrah pisan. Kampung Purwo cenah ngaranna teh; pangheulana nu dituju ku Jalma , warung; lantaran geus ngarasa lapar pisan , komo Ki Bejo mah; teu nungguaan Jalma heula manehna mah geus gek diuk di na bangku awi hareupeun warung terus mesen sangu, kopi, jeung teh. Tukang warung atoheun oge nempo aya nu mareuli ka warungna isuk2 keneh pisan, panglaris cenah. Ti na obrolan jeung tukang warung, Jalma meunang info yen aya dua awewe ngaliwat sababaraha bulan katukang; nu hiji umurna kira2 30 taunan; ari nu hiji deui masih belasan taun; duanana gareulis cenah. Naha nya ngan duaan ? kuduna mah tiluan ? Cek Jalma na hatena. Sanggeus mesen timbel nu dieusi ku deungeun sangu sapuratina jeung mawa lodong awi keur cai ngahaja meuli di dinya, Jalma neruskeun lalampahanana. Ki Bejo rada kerung na hatena heran, naon sababna Jalma mindeng pisan natanyakeun soal awewe geulis ? wah ieu mah neangan masalah yeuh ? Sabab mun teu salah, nu keur diteangan ku Jalma teh, sigana si Mawar HIDEUNG !? Ku sabab teu weleh panasaran, nya bari leumpang Ki Bejo nanya bari hemar hemir :”Jalma, sampeyan teh siga keur ngukuntit jelema atawa awewe, nu di na pasipatanana nuju ka Mawar Hideung ?” Jalma ngawalonan:”Enya. Kunaon kituh ?” Ki Bejo:”Eh Jalma, cik atuh neangan manusa teh nu sejen deui we ; ulah nu hiji eta……. Eta mah ngaranna neangan panyakit. Ku batur mah dijarauhan ari sampeyan mah ngahaja neangan” Jalma :”Kunaon kituh ?” Ki Bejo:”Ah sok api2 wae………..; kapan saha manusana nu wani ka Mawar Hideung ? Eta mah awewe hiji, teu bisa dibandingkeun jeung awewe biasa; ulah……. Ulah nyieun masalah jeung manehna.” Jalma:”Hahahaha ……….. Bejo……… Bejo………. Na teu nyaho maneh saha uing ?” Ki Bejo:”Enya maneh Jagoan Jalma, ………. Tapi asana ……….. “ Jalma ngagebes :”Naon ? sahandeupeun si Mawar Hideung ? Ah can tangtu atuh, kapan urang can ngajaran panggih, ti mana manehna dianggap leuwih unggul ti urang ?” Bejo:”Enya, memang tapi naon alesanana maneh neangan Mawar Hideung ? hare2 we atuh.” Jalma :”Hahahaha, Bejo manehna mah teu nyaho nya naon sababna uing neangan Mawar Hideung ?” Derekdek we ku Jalma diterangkeun kalawan singget soal leungitna dua budak awewe nepi ka Jalma ayeuna ka tatar wetan.” Sajongjongan mah Ki Bejo melengek we, ……… geus rada lila pok nyarita:”Enya oge nya, memang daek teu daek urang kudu nyanghareupan Mawar Hideung………. “HANCA
