Episode ka 51 Di Purworejo Jalma ayeuna geus nepi ka Purworejo; di dinya manehna mangmeulikeun baju anyar keur Ki Bejo; samemehna nyukur heula buuk Ki Bejo nu rarewig teu pararuguh. Atuh barang Ki Bejo ngaca bari dangdan rada kaget manehna teh, da can ngajaran ngeunteung; ayeuna manehna nyaho yen manehna ganteng oge geuning. Maranehna nginep di hiji imah, nu memang sok mere tempat keur mondok ka nu keur lalampahan jauh; da Purworejo teh hiji daerah nu gegek oge; enya ge teu sarua jeung Cirebon; tapi di dinya dipimpin ku hiji Tumenggung; hartina penting oge daerah eta teh. Waktu ngobrol jeung nu boga imah, enya we cenah aya awewe duaan gareulis, kungsi kadinya sapoe; nu hiji budak keneh pisan, nu hiji deui kira2 30an taun umurna. Waktuna meureun kira2 geus aya 6 bulannaa. Jalma rada reugreug, lantaran nunjukkeun yen lalampahanana nuju ka jalan nu bener. Waktu Jalma keur shalat sunat ba’da Lohor; da Fardu Lohorna mah enggeus barjamaah jeung Ki Bejo; rada telat memang. Manehna ngadenge di buruan masjid aya nu keur tinggerendeng; malah siga nu adu regeng; Jalma asa2 ngadenge sora Ki Bejo; sanggeus salam, gancang we Jalma kaluar; katenjo Ki Bejo keur tutunjuk we ka tilu budak nu masih ngarora keneh pisan. Disampeurkeun we ku Jalma; eta budak nu tiluan kaciri siga nu sieuneun lantaran Ki bejo tipopolotot; ditanyakeun we ku Jalma. “Ieu barudak teh balangor, gegelehean di masjid bari teu shalat, terus ku kuring dititah shalat; maranehna kalah nyeungseurikeun; nya ku uing/Kulo digusur kaluar masjid; diburuan dipapatahan supaya daek shalat; lantaran shalat teh wajib lain ?” Cek Ki Bejo teu kireum2. “Eh bocah2, Kulo jaluk hampurane; jung we tole sekabeh baralik.” Atuh deregdeg we nu tiluan teh lalumpatan. Jalma terus ngagelendeng Si Bejo, lantaran maksa ka barudak. “Naha make ambek ka kulo, Jalma ? Kapan cek sampeyen shalat teh wajib.” “Enya, tapi teu meunang dipaksa; lantaran wajib tapi kudu ihlas, atuh lain ge ihlas ari dipaksa mah.” Ki Bejo rungah ringeuh teu ngarti; Jalma gancang nyarita:”Bari urang leuleumpaangan kieu; keun ku uing maneh diajar sautak saeutik soal Islam, kumaha ?” “Enya ! ……… enya lah daek ………. Sok atuh elmu teh bikeun ka Kulo; meureun Kulo jadi pinter moal balilu kieu.” Nya ti semet harita mah Jalma ngajar Islam ka Ki Bejo; samemehna sina syahadat heula; mani jigrah Ki Bejo teh lantaran ayeuna mah cenah cekelenana geus sarua jeung Jalma. Hanca
