AA komentar balik : Nuhun pisan Kang Yani; sae pisan, kasuhun pisan. Kanggo prediksi sareng/expectasi kang Yani; keun we kuma behna we; urang tuturkeun Jalma, hehehehe.
Kasuhun pisan Kang Yani komentarna. Re: [kisunda] Cersil Sunda 167..komentar Sigana Bah AA dina episode 166/167 tos ngaluarkeun "jurus rumit". Nyi Ipah jeung Nyi epon diasuh ku dua guru anu beda. Duka tah, aya maksad naon, make diasuh ku dua guru beda. Jigana wae kumargi nyi Ipah masih "hijau" dina urusan kanuragan, diasuh ku Mawar Hideung. Tapi Nyi Epon anu tos aya dasar kamampuan elmu kanuragan, diasuh ku guruna Mawar Hideung anu kamampuhan elmuna leuwih luhur tibatan mawar Hideung. Mawar Hideung spesialis ngajar elmu "basic" ari guruna ngajar elmu "advantage". Naha aya pangaruhna kana kapribadian dua wanoja eta, masih kedah ditingali deui. Tapi Jigana Jalma tos tiasa nebak ku ayana kasus "Sari" guguru ka Mawar Hideung. Tapi kuring yakin, asih anu ngancik di Nyi Ipah atawa nyi Epon, ka Jalma, bakal ngaruntuhkeun jiwa "barangasan" anu diturunkeun ku Guruna. Sigana wae, Mawar Hideung jeung Guruna, ngasuh murid-muridna aya motif tertentu anu teu acan dijelaskeun dina episode ayeuna. Perkara elmu kanuragan di Pasantren, sigana wae jaman baheula tradisi eta, salah sahiji kaunggulan pasantren. Aya pasantren-pasantren anu kaunggulanana dina widang kanuragan, aya oge pasantren anu ngahususkeun dina widang tasauf. Siga sakola paguron luhur ayeuna. Soal teknik nya ITB jagona, Kedokteran nya di UI puseurna. Jigana Jalma oge bakal guguru elmu kanuragan di pasantren dukuh Ngawi. Komo deui cenah ajaran kanuragan ieu teh diturunkeun ku para wali salapan. Jiga komik cersil "jaka Sembung". Mun teu lepat mah, kungsi guguru ka Syeh Syarif Hidayatullah, Wali anu kasalapan. "bumbu" elmu kieu di pasantren sigana bakal "menarik" upami Bah AA tiasa ngadadarkeun langkung paos. Baktos,
