Ki Bedu jeung Ki Bejo pahareup hareup; kaciri duanana pada2
nguntup ka lawanna; boh Ki Bejo boh Ki Bedu. Duanana ngarasa bakal bisa
ngarubuhkeun lawanna. Ari murid Mbah Lanang nu opat deui keur nepakan kendang,
ngaramekeun ieu padungdung, tapi euweuh urang lembur nu daratang ka dinya,
lantaran geus biasa , jadi teu aneh deui. 


Ki Bejo mere pasangan leungeun kenca ka hareup, leungeun
katuhu mah ngan ukur nyekelan pingping; ari Ki Bedu suku kenca dikahareupkeun,
suku katuhu nunjang badan; leungeun duanana kawas manuk ngalayang; eta bukaan
atawa kuda2 mere kasempetan lawan pikeun asup.Atawa ngundang lawan pikeun
nyerang. 


Mbah Lanang mah ngan mesem we bari ngagilir gilirkeun
padudan; ari Jalma mah tenang we, da hatena oge yakin ka na kabisana ki Bejo. 


Ki Bejo, sakilat ngajejek suku Ki Bedu nu kahareup; mun keuna
tea mah matak pengkor; tapi Ki Bedu ngan sakilat narik eta suku terus
ngulawing ka tukang, awakna milu muter; eta suku teh terus ngalayang nuju ka
na gado Ki Bejo; mun keuna tea mah Ki Bejo bakal KO. Tapi sigana duanana dina
gebragan mimiti mah masih nyoba2. Eta suku nu ngulawing teh gampang pisan
ditakisna ku Ki Bejo. Dina gebrakan ieu kaciri duanana tarangginas karesit.  

   

Mbah Lalang keprok nempo eta gebragan mimiti : sok der ah,
rame ! Kendang ditepak leuwih rame deui. 


Ayeuna nu nyirintil teh Ki Bedu; tapi dipapag ku Ki Bejo;
duanana geus silih tukeur tinggangan jeung sepakan; tapi nyata duanana oge
karesit; can aya nu kabeunangan. Ki Bejo kaciri sumanget pisan, lantaran geus
lila tara manggih lawan nu saimbang; ayeuna nyanghareupaan Ki Bedu sumangetna
naek; nya terus we ngagencer nyerang. Ayeuna mah kaciri Ki Bedu kakepung ku
jurus2 Ki Bejo; sanggeus aya dua puluh jurusna; plak ! sorolok, bluk ! 


Ki Bedu ngajungkel manehna; langsung nangtung bari mere
hormat ka Ki Bejo; tanda yen ngaku asor. 


“Hahahaha ! Alus ulinna ieu si Mas Bejo teh.” Cek Mbah
Lanang; sok istirahat heula; ngopi. Hahahaha.” 


Di na waktu ieu kaciri Embah Lanang daria pisan; terus we
ngobrol rame jeung Jalma; ari Ki Bejo mah langsung nyikat sampeu jeung gula
aren; Ki Bedu kaciri rada ngahegak.
HANCA
 

Kirim email ke